1 Isa nyarios deui ka maranehna ku misil, saur-Na,
2 “Karajaan Sawarga teh saupama hiji raja anu hajat ngarendengankeun putrana.
3 Raja nimbalan ponggawa-ponggawa nyusulan paraondangan, tapi ondangan taya nu datang.
4 Tuluy raja miwarangan deui ponggawa-ponggawa sejenna, dawuhanana: Bejakeun ka nu geus diarondang, hajat kami geus tarapti; sapi-sapi jalu, — nya kitu deui pipiaraan sejenna — geus dipareuncit, malah mah geus diolahkeun. Geura sarumping kitu.
5 Tapi anu diarondang teh, teu aya nu ambil pusing: Aya nu leos ka kebon jeung aya nu jongjon-jongjon bae di toko.
6 Aya oge, — anu sawarehna deui — nu pada nyerek paraponggawa, nya pikeun disiksa atawa dipaehan tea.
7 Raja jadi wera, tuluy ngiangkeun wadya bala, jelema-jelema nu maehan teh dibasmi, padumukanana dihuru.
8 Geus kitu, eta raja, nimbalan ka abdi-abdina: Hajat kawin geus tarapti; ari nu geus diarondang, ayeuna geus teu pantes ka dieu.
9 Ku sabab eta, datangan jalan-jalan cagak, sakur anu liwat ondang ku maraneh ka dieu.
10 Abdi-abdi arindit, tuluy sakur anu kapanggih di jalan-jalan, nu jahat, nu bageur dikerid, nepi ka balandongan teh pinuh ku semah.
11 Waktu raja lebet nemonan semah, katingali nu saurang dangdananana lain paranti ka nu hajat.
12 Tuluy raja ngadawuh: Ki Sanak, naha eta dangdanan teh lain pakean paranti ka anu hajat? Nu dipariksa ngabetem bae.
13 Raja nimbalan ka abdi-abdina: Borogod ieu jelema teh sukuna jeung leungeunna, terus balangkeun ka tempat anu pangpoekna, keun sina gegerungan bari kumerot huntu.
14 Sabab najan loba nu disaur, anu kapilih mah ngan saeutik.”
15 Geus kitu, urang Parisi tinglaleos; tuluy maranehna baradami pipetaeun naheunan Isa ku hiji sual.
16 Maranehna nitahan murid-muridna bareng jeung anggota-anggota parteyna raja Herodes nyual ka Isa, pokna, “Guru, parantos teu aya nu bireuk deui ka Anjeun, yen Anjeun teh jujur tur satarabasna ngawurukeun jalan Allah; nya Anjeun teh teuneung ludeung mayunan sing saha bae, wireh sanes pangalapan.
17 Cobi saurkeun, kumaha panggalih Anjeun: Naha wenang atanapi henteu mayar pajeg ka prabu?”
18 Isa, anu uninga kana maksud maranehna anu julig ngawaler, “Na make ngadoja ka Kami, eh jelema-jelema anu munapek?
19 Ka dieukeun duit keur mayar pajeg teh, cik Kami ngilikan.” Tuluy maranehna nyodorkeun duit dinaran.
20 Saur Isa, “Cik, ieu gambar saha jeung tulisan saha?”
21 Jawabna, “Gambar sareng tulisan prabu.” Saur Isa, “Anu wajib disanggakeun ka prabu, sanggakeun ku maraneh ka prabu jeung anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ku maraneh ka Allah.”
22 Diwaler kitu teh maranehna bati tingpolongo, terus ngelemet undur.
23 Poe eta keneh, jol deui ka Isa sababaraha urang Saduki, nya eta kaom anu teu percaya kana ayana poe kiamat.
24 Maranehna naranya kieu, “Saur Nabi Musa, upami hiji lalaki maot teu ninggalan anak; tilas bojona kedah terus dikawin ku dulurna nu hilang, supados nurunkeun turunan keur dulurna nu geus teu aya tea.
25 Ayeuna, aya lalaki tujuh padudulur. Nu kahiji kawin, geletuk maot. Ku margi teu ninggalan anak, randana dikawin ku dulurna.
26 Kitu bae saterasna: Nu kadua, nu katilu dongkap ka nu katujuh, mararaot.
27 Ahirna, awewena oge maot.
28 Dina poe kiamat, ti antara eta anu tujuh teh, nu mana salakina eta awewe; margi tujuhanana kantos ngawin manehna.”
29 Ku Isa diwaler kieu, “Aranjeun teh sasar; da aranjeun mah teu ngaharti kana Kitab Suci jeung teu ngarti kana kakawasaan Allah!
30 Dina poe kiamat mah, jelema teh henteu kawin, henteu dikawinkeun. Sabab hirupna teh, cara malaikat di Sawarga.
31 Hal perkara hudangna anu maraot, naha aranjeun acan maca anu didawuhkeun ku Allah? Timbalanana:
32 Ieu Kami Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. Anjeunna, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu maraot, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup.”
33 Balarea ngadarenge kitu teh kacida heranna, mikahelok piwulang-Na.
34 Barang urang Parisi meunang beja yen urang Saduki beunang kabungkem ku Isa, tuluy karumpul.
35 Geus kitu, nu saurang, nya eta ahli Kitab nanya kieu, — maksudna ngadoja ka Anjeunna —
36 “Guru, timbalan nu mana anu pangutamana dina Toret?”
37 Waler Isa, “Kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi.
38 Eta timbalan nu pangutamana.
39 Timbalan anu kadua, anu sarua pentingna jeung eta: Kudu nyaah ka pada manusa lir ka awak sorangan.
40 Nya ka ieu dua timbalan gumantungna saeusining Toret jeung kitab nabi-nabi.”
41 Waktu urang Parisi keur kumpul, ku Isa ditaros kieu:
42 “Kumaha pamanggih aranjeun ngeunaan Al Masih, ari Anjeunna putra saha?” Walonna, “Putra Daud.”
43 Saur Isa, “Lamun bener kitu, na kumaha Daud ku pituduh Ruh bisa nyebat ‘Jungjunan’ ka Anjeunna? Nya eta waktu anjeunna nyebatkeun kieu:
44 ‘Pangeran ngadawuh ka Jungjunan kaula: Calik-calik di katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep ku Kami dijieun titincakan Hidep.’
45 Ari Daud nyebat ‘Jungjunan’ mah ka Anjeunna, na kumaha bisa jadi putrana?”
46 Taya saurang-urang acan anu bisa ngajawab ka Anjeunna. Jeung ti semet poe eta, saurang ge, teu aya nu wani nyual-nyual deui ka Anjeunna.