1 “Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji jelema anu rebun-rebun geus indit neangan kuli, nya sina digawe di kebon anggurna.
2 Sanggeus putus yen piburuheunana sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe.
3 Kira-kira pukul salapan, manehna indit deui, ka pasar; di dinya manehna manggih nu keur ngaligeuh, terus ditawaran gawe,
4 pokna: ‘Hayu gawe di kebon anggur kula, buruhna pantes.’ Tuluy maranehna arindit digawe.
5 Kira-kira pukul dua belas jeung pukul tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara tadi.
6 Kira-kira pukul lima, geus burit, indit deui bae neangan jelema. Geus manggih diajak ngomong: ‘Ku naon tingjaranteng bae ti isuk?’
7 Walonna: ‘Teu aya anu ngulikeun.’ ‘Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.’
8 Sanggeus poe reupreupan, nu ngulikeun teh nitah ka mandor: ‘Sina kumpul nu digarawe teh, buruhanana bayar. Heulakeun bayar anu daratang pangburitna.’
9 Tuluy nu daratang pukul lima sore dibayar ti heula sadinar sewang.
10 Anu daratang pangisukna, maranehna nyangka rek dibayar leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar keneh.
11 Bari nampanan buruhan maranehna gegelendeng:
12 ‘Nu daratang pangburitna digawe na ukur sajam, ari bayaranana wet disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti isuk keneh bari moe maneh.’
13 Cek anu ngagawekeun: ‘Dulur-dulur, kula henteu pilih kasih. Lain geus akur urang teh, buruhna sadinar sapoe?
14 Geus, geura tarima ku maraneh, jung geura balik. Hanas anu daratangna pangburitna dibayar sarua jeung aranjeun, atuh eta mah geus niat kula kitu.
15 Na teu meunang kula make duit sorangan sakahayang? Atawa maraneh sirik pedah kula bageur?’
16 Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti hareula, anu pangheulana jadi pandeuri.”
17 Waktu Isa rek angkat ka Yerusalem, murid-murid anu dua belas sina dareukeut ka Anjeunna. Di tengah jalan, Anjeunna nyarios ka maranehna bae, saur-Na,
18 “Ayeuna, urang rek ka Yerusalem; di ditu, Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, sarta ku aranjeunna bakal diragragan hukum pati.
19 Jaba ti eta, Anjeunna ge bakal dipasrahkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah sina dihinakeun, dikaniaya, ahirna disalib. Tapi sanggeus meunang tilu poe, Anjeunna baris dihirupkeun deui.”
20 Sabot kitu, jol bojo Sebedeus (indungna Yakobus jeung Yahya) bareng jeung dua anakna nemonan Isa; Tiluanana ngaharempoy ka payuneuna-Na, rek aya nu dipenta.
21 Saur Isa, “Rek menta naon?” Wangsulna, “Dawuhkeun, yen ieu pun anak duanana widi kenging tempat di kiwaeun sareng di tengeneun Salira di Karajaan Jungjunan.”
22 Tapi waler Isa, “Ibu teu terang ka nu dipenta. Na saranggup nginum tina lumur Kami?” Wangsulna, “Sanggem.”
23 Saur Isa, “Lumur Kami memang bakal diinum ku maraneh. Tapi perkara tempat kenca katuhueun Kami, Kami teu kawasa ngidinan. Eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami bae.”
24 Barang murid-murid nu sapuluh urang deui ngadenge pamenta kitu, jadi arambekkeun pisan ka anu duaan teh.
25 Tapi ku Isa diwawadian, saur-Na, “Maraneh nyaho, pamarentah bangsa-bangsa marentah rahayatna teh ku kakerasan, nya kitu deui pembesar-pembesarna, keras deui bae.
26 Tapi di antara maraneh mah, teu meunang kitu. Mun salah saurang aya nu hayang punjul ti nu lianna, manehna kudu daek ngabdi ka sarerea.
27 Jeung saha-saha nu hayang jadi jelema penting, kudu jadi badega sarerea.
28 Putra Manusa oge sumping ka dunya teh lain malar dikawulaan, tapi arek ngawulaan jeung seja narohkeun pati geusan nebus jalma rea.”
29 Sanggeus Isa samurid-murid nepi ka luareun kota Yeriko, anu ngiring beuki ngalobaan.
30 Di dinya, aya nu lolong duaan keur andiprek di sisi jalan; ngadenge yen Isa ngalangkung, maranehna teh tinggarero, pokna, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
31 Ku nu rea, eta nu lolong teh dicarek sina repeh; tapi tinggarerona beuki tarik bae, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
32 Isa liren heula, nu lolong teh disaur; tuluy ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?”
33 Wangsulna, “Jungjunan, abdi teh hoyong tiasa ningal.”
34 Isa ngahelas manah-Na, tuluy panon maranehna diusap: Bray bae, eta nu lolong teh bareunta, nya bisa nenjo. Geus kitu mah, maranehna teh ngiring ka Anjeunna.