1 Tumali jeung pisumpingeuna-Na — Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — sarta hal urang baris kumpul jeung Anjeunna teh, simkuring seja pepeling:
2 Pacuan, aranjeun teh ulah beunang kapangaruhan, — nepi ka tuluy bae bingung teu puguh — lamun aya beja anu nyebutkeun yen wancina Gusti Jungjunan urang sumping teh geus datang: Boh beja ti roh, boh tina hutbah, atawa tina surat-surat simkuring sapara kanca.
3 Kajeun kumaha oge, aranjeun teh ulah gampang kabobodo. Sabab eta Wanci moal waka nepi, samemeh jelema-jelema malurtad sarta anu jadi ulon-ulon kadorakaanana katangen.
4 Eta nu jadi ulon-ulon kadorakaan teh, baris ngalawan ka anu disebut Allah, ka Anu disembah dibakti ku manusa. Malah baris anegleng di Bait Allah jeung susumbar nyebut ieu kami Allah.
5 Hal ieu, bareto ku simkuring geus dibablaskeun basa keur aya di aranjeun. Aranjeun aringet keneh?
6 Jadi, tangtu geus moal bireuk deui, naon sababna ayeuna manehna acan wanieun ngamimitian. Tapi upama wancina geus tepi mah, tangtu nembongkeun maneh.
7 Tapi saenyana, cicing-cicing soteh, eta tukang ngadorakakeun teh keur tatan-tatan. Acan prak soteh lantaran aya keneh anu nahan.
8 Geus nepi kana waktuna mah, — eta ulon-ulon kadorakaan teh — tangtu nembongkeun maneh. Tapi pinasti manehna baris tiwas, mun Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping; manehna baris dihebos ku napas tina baham-Na jeung baris musna ku cahaya Anjeunna.
9 Munculna eta ulon-ulon teh, bari nyangking pangawasa setan; jadi, manehna teh, baris dibarengan ku rupa-rupa kakawasaanana, nya eta bisa nyieun rupa-rupa kaahengan jeung kaajaiban-kaajaiban nu mawa sasar.
10 Cilaka sakur anu nolak kana kayaktian nu mawa kana jamuga; sabab pasti, maranehna, kagoda ku rupa-rupa tipu dayana.
11 Batin maranehna ku Allah disina lolong, nepi ka percaya ka anu nipu merdaya.
12 Ku sabab milihna teh, lain kana pijamugaeun atawa kana nu sayakti, tanwande maranehna baris dihukum.
13 Dulur-dulur, kakasih Gusti! Nilik kana kaayaan aranjeun, simkuring wajib muji sukur ka Allah. Sabab aranjeun teh, asup kana golongan jalma-jalma nu dipilih Allah pikeun disalametkeun pangheulana: Ku jalan disucikeun ku kawasaning Ruh jeung ku sabab aranjeun percaya ka nu sayakti.
14 Ku Mantenna, aranjeun teh geus disaur, nya eta ku jalan Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring sapara kanca; sangkan aranjeun layak nampa kamulyaan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.
15 Ku sabab eta, sing pangger sarta sing pageuh nyekel pangajaran anu ditepikeun ku simkuring sapara kanca, boh ku lisan boh ku surat.
16 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, kitu deui Rama, — nya eta Allah anu ka urang teh kersa miwelas miasih, maparin panglipur abadi jeung pangharepan anu agung —
17 kersa maparinan kakuatan jeung wawanen pikeun ngamalkeun kahadean, boh ku ucap, boh ku lampah.