1 Ku dulur-dulur oge tangtu karasa, yen pagawean simkuring sapara kanca keur aranjeun teh henteu gaplah.
2 Di Pilipi mah, simkuring sapara kanca teh dianiaya jeung dihina; kapan dulur-dulur oge terang. Tapi sanajan kitu, kalawan pitulung Allah nu disembah ku urang, simkuring sapara kanca dipaparin wawanen ngawawarkeun ka aranjeun, sanajan loba nu ngahalang-halang.
3 Sabab maksud teh lain arek nyasabkeun, macikeuh atawa ngabobodo.
4 Sabalikna, lantaran ngarasa dipercanten ku Allah ngemban Injil. Lain malar dipikaresep ku pada jalma, estu seja nyiar nu dipikamanah ku Allah, anu uninga kana eusi hate urang.
5 Dulur-dulur tangtu aringet keneh, iraha teuing simkuring sapara kanca sok lumah-lameh. Iraha teuing sandar-sindir anu asal tina hate hawek. Allah nu langkung tingali.
6 Tara deuih malar pamuji ti pada jalma, boh ti aranjeun, boh ti nu lianna.
7 Padahal lamun simkuring sapara kanca rek boga niat kitu mah, bisa bae; da simkuring sapara kanca teh, rasul-rasul-Na Al Masih. Nu karasa mah simkuring sapara kanca teh kacida nyaahna ka aranjeun, ngasuh ngamumule lir indung ka anak.
8 Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, ulah-bon Injil Allah, nyawa oge moal dikoretkeun, tina awahing kabeuli nya hate.
9 Tangtu aringet keneh, kumaha tohtohanana simkuring sapara kanca harita: Bari ngawurukkeun Injil Allah teh, simkuring sapara kanca digawe beurang peuting nyiar kipayah sorangan, malar ulah ngaripuhkeun ka aranjeun.
10 Tangtu kasaksian ku aranjeun teh; tur Allah oge ningali, kumaha jujurna, terus terangna, jeung taya cawadeunana simkuring sapara kanca, sapanjang keur aya di aranjeun teh.
11 Enggoning ngawurukan jeung negerkeun hate aranjeun teh, simkuring sapara kanca, teu beda ti bapa ka anak;
12 bari ngaping, sangkan hirup aranjeun teh sapuk jeung pangersa Allah, anu geus nyaur aranjeun sangkan arasup ka Karajaana-Na anu mulya.
13 Teu weleh ngarasa sukur ka kersa Allah, reh dulur-dulur teh geus sakitu leahna narima pangwawaran simkuring sapara kanca; kalawan kayakinan yen anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca teh, lain asal ti manusa, tapi hal pangandika Allah anu geus ngagerakkeun hate aranjeun datang ka percaya.
14 Anu kaalaman ku aranjeun, sarua jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di Yudea, nya eta sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur dikakaya ku dulur sabangsa; maranehna oge kitu, dikakaya ku bangsana, nya eta bangsa Yahudi.
15 Urang Yahudi teh nepi ka nelasan Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung nabi-nabi; saterusna, sakur umat Gusti nu aya di ditu ge dibeberik ku aranjeunna. Ku kituna, urang Yahudi teh ku Allah henteu ditolih, ku sasama manusa ge dipikaijid.
16 Anu ngawawarkeun pangandika Allah ka sejen bangsa supaya pada salamet, dihalang-halang ku maranehna. Maranehna sorangan tonggoy henteu euih-euih, nu matak dosana teh beuki gede bae. Ayeuna wawalesna geus datang, maranehna nandangan bebendu Allah.
17 Geus lila naker urang kapaksa papisah kieu teh, dulur-dulur! Tapi papisah soteh raga, ari batin mah tetep padeukeut. Rasa kasono geus teu kaampeuh, tur geus satekah polah simkuring sapara kanca teh narekahan hayang papanggih.
18 Pangpangna nya pihak simkuring, Paulus, anu pohara nyongsrongna teh. Geus aya dua kalina ihtiar, tapi ku Iblis dihalang-halang bae.
19 Saha deui atuh anu baris jadi harepan, pibungaheun, atawa anu jadi poko agulkeuneun simkuring sapara kanca — ari Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih geus sumping — salian ti aranjeun?
20 Lain bebenjon, ngan aranjeun pibungaheun sarta reueus simkuring sapara kanca teh!