1 Keur Apolos aya di Korinta keneh, Paulus geus aya di kota Epesus, sabada ngider pilemburan-pilemburan nu aya di wilayah Korinta. Di Epesus, nyampak, aya sababaraha murid.
2 Tuluy dipariksa, “Aranjeun basa mimiti percaya geus nararima Ruh Allah?” Jawabna, “Teu acan. Malah nguping yen aya Ruh Allah oge nembe ayeuna.”
3 Dipariksa deui, “Ku baptisan anu mana aranjeun dibaraptis teh?” Jarawabna, “Ku baptisan Yahya.”
4 Saur Paulus deui, “Baptisan Yahya mah pikeun tanda pertobat. Kapan Yahya ngembarkeun yen kudu palercaya ka Anu rek sumping pandeurieun anjeunna, nya eta Isa Al Masih.”
5 Sanggeus kitu maranehna tuluy marenta dibaptis demi pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang.
6 Sabot keur ditarumpangan leungeun ku Paulus, lungsur bae Ruh Allah ka maranehna; tuluy maranehna barisa nyarita ku basa ajib jeung narubuwat.
7 Jumblah maranehna kurang leuwih dua welas urang.
8 Meunang tilu bulan Paulus ngawuruk di tempat-tempat ibadah di dinya, bari teu aya kasieun. Anjeunna ihtiar geusan ngayakinkeun urang dinya kana Karajaan Allah.
9 Sawatara urang anu teu bisa diongget-ongget, batan beunang diyakinkeun anggur ngagogoreng Jalan Lempeng hareupeun umum. Ku Paulus tuluy ditinggalkeun, tapi anu geus jaradi murid mah ku anjeunna dipisahkeun ti anu karitu. Ngawurukna teh, nya eta di gedong kuliah Tiranus.
10 Kitu bae saterusna, meunang dua taun, nepi ka sakumna urang Asia kaembaran Pangandika Pangeran, boh urang Yahudi, boh urang Yunani.
11 Paulus, ku Allah, dianggo pikeun nganyatakeun mujijat-mujijat-Na anu luar biasa.
12 Ukur saputangan atawa lawon sejenna urut Paulus, ana diusapkeun ka nu garering terus bae calalageur, roh-roh jahat oge araringkah.
13 Aya sawatara dukun urang Yahudi, ngalider di eta nagara, nyoba jampena ka anu kaancikan roh jahat ku ngucapkeun jenengan Isa, Gusti Jungjunan urang. Pokpokanana, “Maneh ku kami ditumbalan ku pajenengan Isa Al Masih anu diuarkeun ku Paulus!”
14 Eta dukun-dukun teh, aya tujuhan; kabehanana anak hiji imam kapala urang Yahudi nu ngaran Skewa.
15 Tapi roh jahat teh anggur nambalang kieu, “Aing ka Isa wawuh, ka Paulus wawuh. Tapi ari silaing saha tea?”
16 Tuluy jelema anu ditambaan teh narajang, kabeh digaley ku manehna nepi ka lalumpatan bari barulucun, jaba awakna raruksak.
17 Eta beja, — terus nerekab ka sa-Epesus — nimbulkeun kasieun ka sararea, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani sarta pajenengan Isa teh beuki mashur bae.
18 Nu geus palercaya oge rea anu daratang, ngararaku ka balarea yen maranehna oge sok karitu.
19 Jelema-jelema anu tadina tukang metangan, loba anu ngaduruk buku-buku paririmbonna hareupeun umum. Pipangajieunana eta buku-buku teh, kira-kira lima puluh rebu duit perak.
20 Jadi, pangandika Allah teh gancang pisan sumebarna jeung gede pangaruhna.
21 Sabada kajadian eta, Paulus niat muru ka Yerusalem make jalan ka Makedoni jeung Ahaya. Saurna, “Tas ti dinya, nagara Rum oge rek diteang.”
22 Geus kitu, anjeunna ngajurungkeun Timoteus jeung Erastus sina ti hareula ka Makedoni. Sabab anjeunna mah, rek rada lila di Asia teh.
23 Dina mangsa harita keneh, ger, aya huru-hara gede tina sual Jalan Lempeng.
24 Nu jadi luluguna, nya eta hiji tukang kamasan ngaran Demetrius purah nyieun kukuilan tina perak pikeun dewi Artemis; hiji pagawean anu kacida nguntungkeunana ka tukang-tukangna.
25 Tukang-tukang teh ku manehna dikumpulkeun jeung pagawe-pagawe sejenna. Tuluy manehna nyarita kieu, “Batur-batur, ku sarerea ge karasa, yen ieu pacarian teh nguntungkeunana ka urang lain lumayan.
26 Tapi jelema anu ngaran Paulus tea, — aranjeun oge geus moal barireuk deui — geus nyasabkeun jelema-jelema tur lain di urang bae, malah meh di sa-Asia. Anjeunna uar-uar, yen bubuatan leungeun jelema mah lain dewa.
27 Talajakna anu kitu teh, jaba ti maehan pausahaan urang, kuil Dewi Artemis nu Agung oge jadi matak cambal dangiangna. Sang dewi ku anjeun, pupujaan manusa sa-Asia malah pupujan sadunya, moal diagung-agung deui.”
28 Barang ngadarenge kitu, pohara arambekeunana; ger bae, tingcorowok, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!”
29 Tuluyna mah, atuh timbul huru-hara di sakuliah kota teh. Sabab jelema-jelema eta, terus ngambreg nyerbu ka gedong kasenian bari ngagusur Gayus jeung Aristarkus, urang Makedoni batur nyaba Paulus.
30 Tadina mah, ku Paulus teh rek disampeurkeun; tapi ku murid-murid, anjeunna diharalangan.
31 Malah aya sababaraha gegeden asal Asia anu nyobat ka Paulus marepelingan ka anjeunna, supaya ulah nyampeurkeun ka ditu.
32 Sajeroning kitu, jelema-jelema di gedong kasenian tingcorowok rupa-rupa. Cek ieu kieu, cek itu kitu, nya raribut teu puguh; da lolobana mah, teu nyaraho pikeun naon maranehna kumpul teh.
33 Geus kitu, aya jelema anu disurung-surung ku urang Yahudi, ngaranna Aleksander. Manehna teh, disina nyanghareupan anu keur raribut. Sanggeus manehna meunang raratan pasualanana, tuluy ngisarahan ku leungeun menta nyarita.
34 Tapi barang nyarahoeun yen manehna urang Yahudi, ger bae jelema-jelema teh tinggorowok deui, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!” Teu eureun-eureun nepi ka aya dua jamna.
35 Ahirna beunang direpehkeun oge, nya eta ku Sekretaris Pamarentah Kota. “He, rayat Epesus,” cek Sekretaris Kota, “saha anu teu nyaho yen kota Epesus teh purah ngurus hade-hade kuil dewi Artemis, dewi anu maha agung; kitu deui, ngamumule arca anjeunna anu lumungsur ti langit?
36 Hal eta teh, hamo aya anu bisa ngabantah. Ku sabab eta, coba masing salabar, ulah ngalajur napsu ngumbar amarah.
37 Eta dua jelema ku aranjeun digusur ka dieu. Padahal, maranehna teh teu aya kasalahanana; nya teu ngarampog kuil sang dewi, nya teu ngagogoreng jenenganana oge.
38 Upama Demetrius sabatur-batur aya urusan ka salah sahiji jelema, kapan salian aya pangadilan, oge aya gupernur. Ka dinya kuduna ngasongkeun urusan teh, boh pihak ieu, boh pihak itu.
39 Kitu deui, upama aya kahayang sejenna, eta oge dibereskeunana teh kudu dina sidang rayat anu resmi.
40 Ieu urang kikieuan dina poe ieu teh, bisa dicap nyieun huru-hara. Lantaran moal bisa mere alesan, pikeun urang bisa dibenerkeun kana ieu gempungan anu sakieu matak ngariweuhkeunana.” Geus kitu, eta jelema-jelema teh, dititah bubar.
41 (19:40)