1 Ieu anu seja dipicatur, nya eta hal: Sabda Hirup (Sabda nu jumeneng Hirup), anu estu geus kasaksi ku rasul-rasul pribadi, geus karungu ku pangrungu, katingal ku siki mata, sarta kacabak ku dampal leungeun.
2 Sabab eta Nu jumeneng Hirup teh, anu tadina ngancik di Anu jumeneng Rama, enggeus gumelar mijalma jeung kasaksian ku simkuring, rasul-rasul. Ayeuna, eta Anu jadi Hirup langgeng teh diwartakeun ka aranjeun.
3 Tah eta, anu geus katingal jeung kadenge ku rasul-rasul teh, ku simkuring rek diwanohkeun ka aranjeun; supaya aranjeun oge asup kana beungkeutana-Na, saperti simkuring sapara kanca, hirup satunggal jeung Anu jumeneng Rama miwah Putra-Na, Isa Al Masih.
4 Sagala perkarana ku simkuring seja dipedar, malar cacap kasukaan hate.
5 Perkara anu katarima ti Anjeunna, anu ku simkuring seja diwartakeun ka aranjeun, nya eta: Allah teh Sumbering terang. Di Mantenna mah sama sakali teu aya poek.
6 Jadi, upama urang ngaku geus hirup satunggal jeung Mantenna tapi resep keneh di alam poek, eta teh ngabohong sabab urang teh patonggong-tonggong jeung perkara anu sabenerna.
7 Sabalikna, upama enya, urang geus aya di alam caang sakumaha Mantenna; tanwande urang teh ngajadi hiji, sabeungkeutan, sarta baris disucikeun tina dosa ku getih Isa Putra-Na.
8 Upama urang ngakukeun teu boga dosa, eta teh tetela ngabobodo maneh tur beda jeung kanyataan.
9 Sabalikna, upama urang balaka ngaku dosa ka Mantenna; tinangtu, ku Mantenna, baris dihampura jeung kadorakaan urang teh dipupus; karana Allah teh, adil tur satia tuhu kana jangji.
10 Upama urang nyebutkeun teu boga dosa; atuh eta mah, sasat nyebutkeun Allah teh Tukang bohong sarta pangandika-Na teu ngancik di diri urang.