1 Basa keur mimiti ka aranjeun, simkuring teh can bisa cumarita kawas ka jalma-jalma anu geus hirup dina karohanian, tapi kawas ka jalma-jalma umumna bae; da aranjeun, harita mah, di Al Masih teh sasat orok keneh.
2 Ibarat kudu dibere cisusu keneh lantaran can kuat. Najan kitu, ayeuna ge, aranjeun teh tetela can kuatna.
3 Aranjeun teh masih keneh bae jadi ahli duniawi. Sabab aranjeun teh, masih katerap keneh ku pasirikan jeung pacekcokan. Lain masih keneh jadi ahli duniawi ari nu kitu?
4 Make cekcok, aya nu ngaku golongan Paulus, aya nu ngaku golongan Apolos. Lain ahli duniawi ari kitu?
5 Naon pangkatna Paulus teh? Naon pangkatna Apolos teh? Teu kurang teu leuwih ti kawula-kawula Pangeran, anu dipake lantaran sangkan aranjeun percaya sarta masing-masing nurutkeun kumaha dikersakeuna-Na:
6 Simkuring anu ngipuk, Apolos anu nyeboran; ari anu maparin hirup huripna mah, Gusti Allah.
7 Teu penting anu ngipuk jeung nyeboran mah, anu penting teh Allah anu ngajadikeunana.
8 Anu ngipuk jeung nu nyebor taya bedana, masing-masing meunang buruhan anu saimbang jeung pagaweanana.
9 Simkuring jeung anjeunna teh, ku Allah dicandak, nya eta pikeun barang damel babarengan; ari aranjeun, ibarat huma-Na atawa wawangunan kagungana-Na.
10 Kalayan rahmat kurnia Allah, simkuring, — ibarat tukang wawangunan anu ahli — geus masang hiji pademen pikeun diadegan ku nu sejen. Anu ngadegkeun di dinya, kudu nyaluyukeun adeganana jeung eta.
11 Sababna, moal aya nu bisa masang pademen sejen di dinya. Ari anu jadi pademenna teh, nya eta Isa Al Masih ku anjeun.
12 Anu ngadegkeun di dinya, naha rek tina bahan emas, perak, batu-batu permata, kai, eurih, atawa jarami,
13 kudu geus ngawangwang ti memehna, yen pagaweanana sakali mangsa baris diuji. Sabab baris aya seuneu dina Poean Pangeran, anu nguji pagawean saban jalma.
14 Lamun wawangunan beunangna tea tahan uji, baris karasa ganjaranana.
15 Sabalikna, upama pagaweanana teu tahan ku seuneu, tangtu mubadir tur nandang rugi. Najan dirina salamet, tapi tangtu ngaligincing, sasat geus milu kahuru.
16 Na can aruninga, yen aranjeun teh bait panglinggihan Allah; nya tempatna Ruh Allah.
17 Sing saha anu ngaruksak panglinggihan Allah, tangtu ku Allah diruksak; sabab panglinggihana-Na teh, suci; aranjeun Bait Suci panglinggihana-Na teh.
18 Poma ulah katipu ku diri. Ulah asa aing pinter di dunya teh. Mending ngarumasakeun bodo, supaya enya jadi anu pinter.
19 Sabab kapinteran manusa, di payuneun Allah mah, bodo balilu. Ceuk Kitab: ‘Mantenna ngelehkeun anu palinter ku kapinteran maranehna keneh.’
20 Dina bagian sejen kaserat: ‘Pangeran langkung uninga kana pangrekaning nu baroga elmu, kabeh ge percumah.’
21 Ku sabab eta, ulah sok paunggul-unggul pamingpin, da kabeh ge geus jadi milik aranjeun:
22 Paulus, Apolos, Kepas, dunya ieu, hirup jeung paeh, alam kiwari jeung jaga, kabeh geus jadi milik aranjeun.
23 Tapi aranjeun ge milik-Na Al Masih, ari Al Masih kagungan Allah.

Studi Alkitab lengkap, silahkan lihat Alkitab SABDA :: 1 Korintus 3
Studi Alkitab mobile, silahkan lihat Alkitab Mobi :: 1 Korintus 3

Download Aplikasi Alkitab Karaoke (BETA) Android:
https://play.google.com/store/apps/details?id=org.sabda.alkitabkaraoke
Kunjungi Alkitab Audio Diglot:
AYT - KJV