1 Ti Paulus, abdining Allah sarta rasul Isa Al Masih, anu dipiwarang nguatkeun iman umat Allah sarta nungtun maranehna kana kayaktian nurutkeun agama anu diagem ku urang,
2 anu didadasaran ku pangarep-ngarep kana hirup langgeng tea. Allah anu ngajangjikeun hal ieu ka urang, ti alam bihari keneh, mustahil jalir.
3 Sanggeus nitih kana wanci, eta jangji teh ku Mantenna dibuktikeun dina pangwawarana-Na. Eta pangwawaran teh dipercayakeun ka simkuring, ku Allah, Juru Salamet urang.
4 Surat dumateng Titus, anu ku karana saiman sasat anak pituin, nepi ka urang jadi sabeungkeutan. Muga anjeun pinanggih rahmat, piwelas katut rahayu ti Allah Rama, jeung ti Isa Al Masih, Juru Salamet urang.
5 Nu matak anjeun ditinggalkeun di pulo Kreta teh, nya eta pikeun memeres jeung neruskeun hanca. Anjeun kudu ngangkat kokolot-kokolot pikeun jamaah, di unggal-unggal tempat. Dasarna kudu nurutkeun pituduh ti simkuring tea, nya eta:
6 Nu kudu diangkat teh, anu mulus kalakuan, anu teu nyandung, anu anak-anakna balageur, anu taya cawadeunana, jeung anu tara ngabarandel.
7 Sabab jeneng pamingpin jamaah teh manggul papancen ti Allah, teu meunang nyieun codeka, teu meunang gumede, panas-baran, mabok, teu kaopan, jeung hawek.
8 Sabalikna, pamingpin jamaah mah kudu darehdeh, biluk ka nu hade, sabar, adil, iklas, lantip,
9 kukuh kana ajaran sajati sarta luyu jeung pangajaran anu geus katarima. Tah nu karitu anu baris bisa nerapkeun ajaran sajati teh, anu baris bisa ngahatean jamaahna, tur wani menerkeun kasalahan-kasalahan jelema-jelema anu boga tekad ngalawan.
10 Da loba keneh atuh anu ngaralawan teh, anu rek ngasupkeun pangajaran nu nyeleweng; pangpangna mah, ti golongan umat turunan Yahudi.
11 Nu kararitu, kudu dibekem sungutna. Sabab pangajaranana, matak runtag sajamaah. Pangna ngarulik elmu teu uni oge, taya lian ti rek nyiar untung nu teu halal.
12 Nepi ka aya urang Kreta, nabina pisan, kungsi ngomong kieu: "Urang Kreta mah, saumur-umur, jaba ti wadul teh teu beda ti kerud, nya gembul nya kedul."
13 Bener naker eta ucapan teh. Weweleh nu karitu teh ku anjeun, malakmandar iman kapercayaanana pulih deui;
14 ulah sina ngeukeuweuk bae talari karuhun Yahudi, ngagul-ngagul aturan-aturan beunang manusa, teu malire kayaktian.
15 Pikeun anu hatena suci mah, sagala ge suci. Sabalikna, pikeun nu pecat iman mah, euweuh nu suci lantaran nya pipikiran nya kalakuan, kotor bae.
16 Majar maneh nyaho ka Allah, ari kalakuan sabalikna. Jelema-jelema karitu mah, gawena ngan ngaralawan bae, pinuh ku kaijid, jeung taya pupurieunana.

Studi Alkitab lengkap, silahkan lihat Alkitab SABDA :: Titus 1
Studi Alkitab mobile, silahkan lihat Alkitab Mobi :: Titus 1

Download Aplikasi Alkitab Karaoke (BETA) Android:
https://play.google.com/store/apps/details?id=org.sabda.alkitabkaraoke
Kunjungi Alkitab Audio Diglot:
AYT - KJV