1 Isa angkat ka tempat ibadah deui. Harita, di dinya teh aya nu kempreng.
2 Nu araya di dinya, aya nu hayang bisa nyalahkeun ka Isa. Kitu, nu matak sagala gerak-gerik Anjeunna, kacida diawaskeunana; sugan-sugan, Anjeunna, kagungan niat nyageurkeun dina poe Sabat.
3 Isa nimbalan ka eta nu kempreng teh, saur-Na, “Coba ka dieu ka hareup!”
4 Ti dinya, Anjeunna mariksa ka nu kumpul, “Naon anu ku Toret diidinan dipigawe dina poe Sabat? Kudu nulung atawa kudu nyilakakeun? Kudu numbu umur atawa megatkeun nyawa batur?” Nu kumpulan ngabaretem.
5 Mayunan anu baredegong kitu, manah-Na ngerik. Anu kumpul dipapay diteuteup bari bendu. Tuluy ngalahir ka nu kempreng tea, “Cik, jungjungkeun eta leungeun!” Barang dijungjungkeun, wet terus cageur.
6 Urang Parisi tinglaleos, medal sila, ti eta tempat ibadah. Langsung bae maranehna ngayakeun babadamian jeung parteyna Raja Herodes, neangan jalan pikeun nelasan Jungjunan.
7 Isa katut murid-murid jengkar ka Talaga Galilea, diiring balarea.
8 Aya nu ti Galilea, ti Yudea, ti Yerusalem, ti wewengkon Idumea, ti wewengkon peuntaseun Ciyordan, ti wewengkon nagri Tirus, jeung ti Sidon. Eta jelema rea naluturkeun teh lantaran maranehna panasan ku beja.
9 Sanggeus eta jelema-jelema ngumpul; jadi pohara lobana. Isa mundut ka murid-murid, supaya disayagikeun parahu, malar henteu kasedekkeun.
10 Pasedek-sedek teh lantaran Anjeunna sok nyageur-nyageurkeun tea. Atuh nu garering teh parebut paheula-heula nyabak Anjeunna.
11 Ari anu kasurupan roh jahat mah, barang ret ka Anjeunna teh tingrumpuyuk bari ngagero, “Anjeun teh Putra Allah!”
12 Tapi Isa ngalarang pisan, ka eta roh-roh jahat, nyaritakeun saha Anjeunna teh.
13 Geus kitu, Isa unggah ka pasir. Anjeunna nyauran sawatara urang anu cop kana manah-Na.
14 Sanggeusna kumpul, ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta nu kapilih teh, disebatna Rasul. “Maraneh ku Kami dipilih, supaya marengan Kami salilana,” dawuhana-Na.
15 “Engke, maraneh, ku Kami diutus nepikeun Injil jeung dibere kakawasaan pikeun ngusir setan-setan.”
16 Ngaran-ngaran nu kapilih, nya eta: Simon anu katelah Petrus; Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya, dulurna.
17 Ieu nu duaan ku Anjeunna disebatna “Boanerges,” hartina “Anakna guludug.”
18 Tuluyna: Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpius, Tadeus, Simon Selotes,
19 jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat ka Jungjunanna.
20 Ti dinya, Isa lebet ka hiji imah. Breg deui jelema-jelema, nepi ka Anjeunna katut murid-murid teu kabujeng tuang-tuang acan.
21 Barang wargi-wargi-Na meunang beja, buru-buru nyarusulan rek dicandak mulih. Lantaran aya beja, cenah, Anjeunna teh geus kirang emutan.
22 Ari cek ahli-ahli Kitab mah, anu daratang ti Yerusalem, majar teh, “Kaasupan Beelsebul!” Jeung, “Bisaeun ngusir setan-setan teh lantaran ku kapala setan.”
23 Maranehna, ku Anjeunna sina kumpul; lajeng Anjeunna nyarios ku ibarat-ibarat, saur-Na, “Naha bisana Iblis ngusir Iblis?
24 Nagara anu pecah-belah tangtu moal tahan:
25 Rumah tangga anu pecah-belah tangtu baruntak.
26 Kitu keneh, lamun iblis pada iblis bentrok sarta pecah, karajaanana baris tamat.
27 Sabalikna, ka jelema gagah mah, saurang ge moal aya nu bisa asup ka imahna pikeun ngaringkid barang-barangna; lamun jelemana henteu dibarogod heula.
28 Tengetkeun ieu ucap Kami: Dosa per dosa manusa, katut omongan-omongan kotorna anu doraka, aya hampuraeunana.
29 Tapi jelema anu nganistakeun Ruh Allah mah, geus teu bisa dihampura sama sakali. Sabab dosana teh, geus jadi dosa anu langgeng.”
30 Jungjunan ngadawuh kitu teh, ka jelema-jelema anu nyebutkeun yen Anjeunna kaasupan roh jahat.
31 Ibu jeung saderek Isa, anu nyarusulan tea, geus tararepi. Tapi di laluar bae, teu bisa asup; jadi, ngan talatah supaya Anjeunna kaluar.
32 Ku nu dareukeut diukna ka Isa diunjukkeun, “Tuang ibu sumping sareng saderek-saderek, saurna hoyong nepangan.”
33 Isa ngawaler, “Saha kitu nu jadi indung jeung dulur-dulur Kami teh?”
34 Sasaurana-Na bari mencrong ka nu ngariung. Saur-Na deui, “Ieu indung jeung dulur-dulur Kami mah!
35 Nya eta, sing saha bae anu ta'at kana timbalan Allah. Tah, nu kitu indung Kami mah; nu kitu dulur-dulur Kami mah, boh awewe, boh lalaki.”