1 Tas sasauran kitu, Isa ngadawuh ka murid-murid,
2 “Dua poe deui aya perayaan Paska. Tah waktu eta, Putra Manusa bakal diselehkeun teh, terus disalibkeun.”
3 Harita, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi mah keur karumpul di istana Imam Agung anu jenengan Kayapas;
4 nya keur ngatur rencana rek nangkep ka Anjeunna baris terus ditelasan.
5 Tapi salaurna, “Ulah keur perayaan, bisi matak jadi huru-hara ka rayat.”
6 Waktu Isa linggih di imah ki Simon lepra, di Betania;
7 aya hiji wanita anu ngadeuheusan ka Anjeunna bari mawa sabotol minyak seungit anu mahal. Sabot Isa keur tuang, eta minyak dikucurkeun kana rambut-Na.
8 Murid-murid arambek dina hatena, pokna, “Wet dihahambur kitu!
9 Mun jual, payu mahal; tuluy duitna sidekahkeun ka nu mariskin.”
10 Isa uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, “Keun bae, maraneh teu kudu openan. Ieu wanita keur nembongkeun katresnaanana ka Kami.
11 Nu mariskin mah, sapapanjangna aya di maraneh. Ari Kami mah, babarengan teh moal lila.
12 Ayeuna Kami ku ieu wanita diminyakan. Lampahna kieu teh, minangka sasadiaan keur mapag poean Kami dimakamkeun.
13 Cek Kami ka maraneh: Di mana bae Injil diwawarkeun, di sakuliah dunya, anu ayeuna dilampahkeun ku ieu wanita baris disesebut, nya pikeun dipikaeling tea.”
14 Geus kitu, salah saurang murid ti nu dua belas, — anu ngaran Yudas Iskariot — indit ka imam-imam kapala, mihatur kieu:
15 “Abdi sanggup nyerenkeun eta Jelema. Naon engke buruhna?” Ku imam-imam kapala dibere duit, uang perakan tilu puluh.
16 Ti dinya, manehna terus ngintip-ngintip waktu nu mustari, rek ngahianat ka Guruna.
17 Dina poe kahiji tina Hari raya Roti Tanpa Ragi, murid-murid unjukan ka Isa, “Di mana bade nyayagikeun kangge riungan tuang Paska teh?”
18 Ku Isa dibere hiji alamat di kota. Saur-Na deui, “Bejakeun kieu: Kami teh geus tereh cunduk kana dawuh. Kami hayang ngarayakeun pesta Paska heula di imah anjeun jeung murid-murid.”
19 Sakumaha pamundut-Na ku murid-murid dilampahkeun, kaperluan tuang Paska disadiakeun.
20 Sanggeus magrib Isa tuang ngariung jeung murid-murid.
21 Sabot tuang, Anjeunna nyarios, “Di dieu aya anu rek ngahianat ka Kami, saurang.”
22 Murid-murid tinghareluk, tuluy piligenti unjukan ka Anjeunna, “Abdi atanapi sanes?”
23 Isa ngawaler, “Jelemana, nya eta anu engke bareng jeung Kami nganclomkeun roti kana ieu pinggan.
24 Putra Manusa memang kudu tiwas, sakumaha cek Kitab Suci. Tapi cilaka kabina-bina, jelema anu ngalantarankeunana. Eta jelema, leuwih untung lamun teu kungsi dijurukeun.”
25 Yudas, anu rek ngahianat mihatur, “Rabi, abdi atanapi sanes?” Waler Isa, “Sakumaha cek maneh.”
26 Sabot tuang, Isa nyandak roti sarta ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, “Tampanan, dahar. Ieu teh daging Kami.”
27 Geus kitu, nyandak lumur sarta muji sukur; tuluy eta lumur disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na,
28 “Heg inum ku sarerea. Ieu teh getih Kami; getih perjangjian anu dikucurkeun guna mangpa'at jalma rea pikeun panghampura dosa.
29 Tapi ti semet ieu Kami moal nginum-nginum deui anggur anu kieu, nepi ka waktuna nginum anggur anu anyar di Karajaan Ama Kami, babarengan jeung maraneh.”
30 Sanggeus pupujian, Isa angkat ngajugjug ka Gunung Jetun diiring ku murid-murid.
31 Di tengah jalan Anjeunna sasauran, “Peuting ieu iman maraneh bakal goncang lantaran Kami. Sabab cek Kitab Suci: Pangangonna ku Kami rek digebug, domba-domba-Na sina paburencay.
32 Tapi di mana Kami hirup deui, Kami rek iang ti heula ka Galilea.”
33 Petrus nempas, “Sanaos nu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal!”
34 Saur Isa, “Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles Kami.”
35 Walon Petrus, “Moal, Jungjunan! Sanaos dugi ka pati maot bareng sareng Jungjunan, abdi mah moal dugi ka ngangles!” Murid-murid sejenna oge, kitu ngaromongna teh.
36 Isa jeung murid-murid sumping ka hiji taman anu ngaranna Taman Getsemane. Anjeunna sasauran ka murid-murid, “Daragoan di dieu, sabot Kami sembahyang di ditu.”
37 Aya anu dicandak tiluan, nya eta Petrus jeung anak Sebedeus, duanana. Manah-Na mimiti ngangres jeung palaur.
38 Kedal saur ka nu tiluan, “Kami teh ku nalangsa, asa rek paeh bae. Daragoan di dieu, Kami baturan nyaring.”
39 Anjeunna majeng deui saeutik, terus nyuuh ngadu'a, “Nun Ama, manawi kenging mah, ieu lumur kasangsaraan teh candak ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahayang Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama.”
40 Geus kitu, Anjeunna ningali heula murid-murid, ana kasampak geus sarare. Anjeunna ngagentraan ka Petrus, “Na teu sanggup maneh nyaring maturan Kami sajam bae?
41 Maraneh kudu tetep nyaring tur kudu dibarung sembahyang, supaya henteu keuna ku dodoja. Karep mah kuat, tapi badan hengker.”
42 Tuluy angkat deui, mindo ngadu'a, “Ama! Manawi parantos teu kenging sumingkir mah tina ieu lumur kasangsaraan, Abdi estu suka lilah ngiringan kana pangersa.”
43 Waktu murid-murid ditingali deui, kasampak sarare keneh, awahing ku tarunduheun.
44 Terus ku Anjeunna, eta nu tiluan teh, dikantun deui bae; geus kitu, Anjeunna ngadu'a deui pikeun katilu kalina; sasambat-Na, saperti nu tadi keneh bae.
45 Geus kitu, nyampeur deui murid-murid bari ngagentraan, saur-Na, “Pek sing jarongjon reureuh sarare. Tuh, waktuna geus cunduk, Putra Manusa diselehkeun kana genggeman nu daroraka.
46 Harudang, urang arindit. Tuh, anu ngahianat ka Kami teh geus deukeut!”
47 Sabot sasauran keneh, ki Yudas, — salah saurang murid ti anu dua belas tea — geus jebul; manehna mawa balad loba pisan; eta jelema-jelema teh, titahan imam-imam kapala jeung parakokolot tea, pada marawa pedang jeung pepentung.
48 Yudas enggeus mere sandi kieu, “Mana-mana anu ku kula dirangkul, terus tangkep bae.”
49 Manehna nyampeurkeun ka Isa bari ngomong tarik, “Haturan, Rabi?” Pokna bari ngarangkul.
50 Saur Isa ka manehna, “Kisanak, ka dieu teh rek naon tea?”
51 Ti nu ngiring ka Anjeunna, nu saurang mesat pedang, tuluy diheumbatkeun; eta heumbatan pedang teh, keuna kana ceuli bujangna Imam Agung, nepi ka rampung.
52 Tapi Isa ngalahir, “Asupkeun eta pedang teh kana sarangkana. Sabab anu maen pedang, paehna, tangtu ku pedang deui.
53 Dikira Kami teu bisa nyambat ka Ama, menta malaikat dua belas legiun ngabantu Kami?
54 Kitu carana mah atuh ayat Kitab anu unina, ‘Ieu kudu kajadian’ teh moal tinekanan.”
55 Geus kitu, Isa ngalahir ka nu loba, saur-Na, “Naha Kami teh rampog, nepi ka marawa pedang jeung pepentung? Kapan unggal poe Kami sok aya di Bait Allah ngawuruk, naha ku maraneh diantep?
56 Tapi memang kudu kieu, cocog jeung Kitab Suci.” Ti dinya mah, murid-murid teh kalalabur, naringgalkeun Anjeunna.
57 Sanggeus ditangkep, Isa dihadepkeun ka Kayapas, Imam Agung. Di dinya, geus kumpul ahli-ahli Kitab jeung parakokolot.
58 Ari Petrus nuturkeun ti kajauhan, nepi ka buruan Imam Agung; tuluy milu diuk jeung pangawal, hayangeun nyaho kumaha tungtungna.
59 Imam-imam kapala, kitu deui anggota-anggota Mahkamah, satekah polah neangan bukti palsu, supaya Isa bisa dihukum paeh.
60 Tapi teu hasil, sanajan saksi palsu teh loba. Ahirna, aya duaan nu ka hareup,
61 ngong ngomong, “Ieu Jelema kungsi sosoak kieu: ‘Ieu Bait Allah ku Kami rek diruag, terus diadegkeun deui di jero tilu poe!’”
62 Neut Imam Agung ngadeg, mariksa ka Isa, “Kumaha, moal dibantah eta dakwaan teh?”
63 Isa mindel teu ngawaler. Imam Agung ngalahir deui, “Demi Allah nu jumeneng, aku sing bener: ‘Enya Maneh teh Al Masih, Putra Allah?’”
64 Waler Isa, “Leres sakumaha pamariksa. Sareng Kaula seja nganyatakeun ka ieu rengrengan: ‘Ti semet ieu, ku aranjeun baris katingali Putra Manusa linggih di tengeneun Nu maha Kawasa, sumping dina mega di langit.’”
65 Berewek Imam Agung nyoehkeun anggoanana, tuluy ngalahir, “Ieu Jelema ngahujat Allah. Pikeun naon urang ngayakeun deui saksi-saksi? Ku urang geus kareungeu kumaha ngahujat-Na.
66 Kumaha putusan aranjeun?” Jawabna, “Kudu dihukum pati!”
67 Ti dinya, jelema-jelema teh nyariduhan kana pameunteu-Na bari naronjok; nu sawareh deui ngagebug ka Anjeunna bari ngomong,
68 “Sebutkeun ka kami, eh Al Masih, saha ieu anu neunggeul ka Maneh?”
69 Ari Petrus diuk di buruan. Tuluy disampeurkeun ku hiji badega awewe. Eta badega awewe ngomong ka manehna, “Maneh sok babarengan jeung Isa urang Galilea!”
70 Tapi Petrus mungkir, “Kumaha ngomong teh teu kaharti!”
71 Waktu manehna ngaleos ka lawang kori, katenjoeun ku badega awewe sejenna, pok dibejakeun ka anu araya di dinya, “Eta jalma sok babarengan jeung Isa urang Nasaret tea.”
72 Petrus mungkir bari susumpahan, “Teu wawuh kuring mah ka Eta teh!”
73 Geus kitu, sakur nu araya di dinya nyalampeurkeun ka Petrus, ngaromong kieu, “Moal salah deui maneh teh batur-Na, kaciri tina lentong maneh.”
74 Petrus ngutruk bari susumpahan, “Teu wawuh, teu wawuh ka eta Jelema teh!” Harita keneh, kadenge hayam kongkorongok.
75 Ras, Petrus ingeteun kana dawuhan Isa anu kieu tea, “Memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles ka Kami.” Leos bae, manehna indit ka luar bari ceurik, nalangsa kabina-bina.