1 “Harita, Karajaan Sawarga teh, ibarat sapuluh mojang anu arindit mapag panganten. Arinditna marawa lampu.
2 Mojang nu lima barodo, nu lima deui binangkit.
3 Mojang-mojang nu barodo mawa lampu, tapi teu mekel minyak.
4 Ari mojang-mojang nu binangkit mah, lampu mawa, minyakna mekel dina botol.
5 Ku sabab panganten teu datang bae, mojang-mojang teh kaheesan.
6 Ari geus tengah peuting, kadenge aya nu celak-celuk, ‘Panganten datang, papag!’
7 Mojang-mojang hararudang, pahibut ngurus lampu.
8 Cek nu barodo ka nu binangkit, ‘Menta minyakna saeutik, tingali lampu kuring rek pareum.’
9 Diwalon, ‘Ulah, bisi kuring teu mahi anjeun teu mahi. Mending anjeun meuli ka warung.’
10 Sabot nu barodo arindit meuli minyak, pangantenna datang manten, tuluy diiring ku mojang-mojang nu geus tarapti. Geus nepi ka tempat pesta, tuluy pantona ditulakan.
11 Mojang-mojang nu limaan deui daratang, pok pupuntenan, ‘Agan, punten!’
12 Ditembal ku ki Panganten, ‘Maap, teu wawuh!’
13 Kitu, nu matak kudu tetep tarapti sapapanjangna. Sabab maraneh, teu nyaho kana poe jeung waktuna.”
14 “Karajaan Sawarga ge, ibarat hiji jelema anu arek nyaba ka luar nagri. Eta jelema nyalukan tilu bujangna arek dipihapean duit.
15 Dititipanana teh, — kumaha kasanggupan bujang-bujangna — aya nu lima talenta, nu dua talenta, jeung anu satalenta. Geus kitu, eta jelema teh indit nyaba.
16 Anu dipihapean lima talenta, duitna digolangkeun, meunang untung lima talenta.
17 Nu dipihapean dua talenta oge meunang untung dua talenta.
18 Ari nu dipihapean satalenta, anggur nyieun lombang, duitna diruang.
19 Lawas ti lawas dununganana datang, tuluy balitungan.
20 Datang nu nyekel lima talenta, — bari mawa untungna lima talenta — terus nyarita, ‘Artos anu lima talenta teh aya hibar kenging untung lima talenta.’
21 Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’
22 Datang deui nu nyekel dua talenta, terus nyarita, ‘Artos anu dua talenta teh, aya hibar kenging untung dua talenta.’
23 Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’
24 Tuluy datang anu nyekel satalenta tea, terus nyarita, ‘Abdi terang, yen juragan teh jalmi lalim, sok mibuatan tanduran batur sareng metik hasil pelak batur.
25 Ku margi eta, artos kagungan juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Mangga ieu kasanggakeun deui.’
26 Jawab dununganana, ‘Eh, bujang jahat goreng pucus pangedulan! Kutan nyaho yen kami sok mibuatan tanduran batur jeung metik hasil pelak batur?
27 Ari nyaho kitu mah, atuh duit kami teh, dititipkeun ka tukang ngagolangkeun duit, supaya ari kami balik bisa dipulangkeun jeung batina.
28 Ayeuna, cokot duit kami ti ieu jelema, urang pasrahkeun ka anu duitna geus jadi sapuluh talenta.
29 Sabab nu geus boga mah kabogana bakal tambah, nepi ka lubak-libuk. Ari nu teu boga mah, kabogana anu geus aya ge bakal dicokot kabeh.
30 Suntrungkeun ieu bujang tanpa guna teh ka tempat nu pangpoekna. Nya di dinya, enggonna midangdam jeung kumerot huntu.’”
31 “Di mana Putra Manusa sumping kalawan agung-Na diiring ku sakabeh malaikat, bakal linggih dina tahta kamulyaana-Na.
32 Sakabeh bangsa bakal dikumpulkeun payuneuna-Na; tuluy dibagi dua, cara ki pangangon misahkeun domba jeung embe.
33 Domba aya di tengeneuna-Na, embe di kiwaeuna-Na.
34 Sang Raja lajeng ngandika ka nu aya di tengeneuna-Na, ‘Salam ka aranjeun, anu ginuluran rahmat ti Kangjeng Rama! Tarima ganjaranana, karajaan keur aranjeun anu disadiakeunana ti barang dunya gumelar.
35 Sabab waktu Kami lapar, ku aranjeun dibere dahar; keur Kami halabhab, ku aranjeun dibere nginum; keur Kami jadi semah, ku aranjeun dianjrekkeun;
36 keur Kami sataranjang, ku aranjeun dibere pakean; keur Kami gering, ku aranjeun dilayad; keur Kami dipanjara, ku aranjeun dilongokan.’
37 Umat nu balener ngawangsul, ‘Nun Jungjunan, iraha Jungjunan lapar, ku abdi-abdi dihaturanan tuang; nalika Jungjunan hanaang, ku abdi-abdi dihaturanan ngaleueut?
38 Nalika Jungjunan jadi semah, iraha ku abdi-abdi dihaturanan pangkuleman atanapi Jungjunan nuju sataranjang ku abdi-abdi dihaturanan anggoan?
39 Nalika Jungjunan teu damang, iraha ku abdi-abdi dilayad atanapi nalika Jungjunan dipanjara ku abdi-abdi dilongokan?’
40 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, kieu saenyana: Sagala pitulung aranjeun anu dibikeun ka ieu dulur Kami anu panghinana, eta teh nulungna ka Kami pisan.’
41 Ari ka nu di kiwaeuna-Na, kieu pangandika-Na, ‘Nyingkah maraneh, he umat jahat; tuh ka ditu, ka jero seuneu anu langgeng, seuneu pikeun Iblis jeung malaikat-malaikatna.
42 Sabab waktu Kami lapar, maraneh teu mere dahar; waktu Kami halabhab, maraneh teu mere cai;
43 waktu Kami jadi semah, maraneh henteu nganjrekkeun; waktu Kami sataranjang, maraneh teu mere pakean; waktu Kami gering atawa waktu Kami dipanjara, ku maraneh teu dilayad!’
44 Umat nu daroraka ngajawab, ‘Iraha abdi-abdi ningal Jungjunan palay, atanapi halabhab, atanapi nuju jadi semah, atanapi nuju sataranjang, atanapi nuju dipanjara ku abdi-abdi teu dipirosea?’
45 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, ka maraneh: Ku sabab maraneh tara nulung ka ieu dulur Kami nu panghinana, eta saenyana, ka Kami pisan teu nulung teh.’”
46 “Jelema-jelema anu karitu” dawuhan Isa, “bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan anu langgeng. Ari anu balener baris ginanjar hirup nu langgeng.”