1 Ti Paulus, rasul-Na Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Timoteus. Dumateng jamaah Allah di Korinta katut dulur-dulur saiman di wilayah Ahaya.
2 Mugia dulur-dulur ginanjar rahmat rahayu ti Rama, nya eta Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
3 Rebu-rebu nuhun ka lenggah Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih; Rama anu henteu kendat-kendat miwelas, nya eta Allah sumbering panglipur.
4 Allah anu geus ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran teh, ngamaksud supaya eta panglipur-Na teh bisa keur ngabeberah sakur anu keur nandangan kasusah.
5 Sabab sakumaha simkuring, nu geus milu ngarandapan kabalangsakanana Al Masih, — nya ku karana Al Masih pisan — simkuring teu kurang narima panglipur ti Allah teh.
6 Mun simkuring balangsak, eta teh itung-itung pangbeberah jeung kasalametan pikeun aranjeun. Kitu oge, upama simkuring meunang panglipur, eta teh keur aranjeun oge; sangkan mun aranjeun nyorang sangsara kawas simkuring, aranjeun ge bisa tagen nandanganana.
7 Dina hal ieu, simkuring teu hamham deui. Ku sabab, aranjeun geus milu nandangan dina kasangsaraan simkuring; tangtu dina sual panglipur ti Allah ge.
8 Sing percaya dulur-dulur, pohara sangsarana simkuring di Asia Leutik teh, — jiga geus liwat ti mistina — nepi ka geus nyamarkeun hirup.
9 Malah simkuring teh, geus asa pasti kana pipaeheun. Tapi eta teh jadi pangajaran, yen urang ulah sok percaya teuing ka diri sorangan. Percaya teh kudu ka Allah, anu kawasa ngahirupkeun anu paeh.
10 Nya ngan ka Mantenna, urang kudu muntang teh. Mantenna geus nulungan simkuring, nya eta ngaleupaskeun simkuring tina baya pati. Saterusna ge, nya pitulung Mantenna keneh bae anu diarep-arep teh.
11 Doa ti aranjeun ge, pohara diarep-arepna. Meureun ari dikabul, lain simkuring bae anu baris narimana teh; anu mangnedakeunana oge, tangtu marilu kasinugrahaan.
12 Dina diri simkuring, aya anu karasana matak agul teh, nya eta dumeh simkuring ku Allah dikersakeun bisa campur gaul jeung masarakat kalawan jujur tur iklas; pangpangna dina campur gaul jeung aranjeun. Lain pedah simkuringna anu bisa, ieu mah estu berkah-Na Pangeran.
13 Ieu, anu dibaca ku aranjeun teh, henteu geseh ti nu saenyana. Kahayang mah muga sing kaharti kabeh, ulah ngan sawareh-sawareh kawas nu enggeus-enggeus.
14 Supaya dina poean sumpingna Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, aranjeun agul ku simkuring, saperti simkuring ka aranjeun.
15 Ari simkuring mah yakin yen baris kitu. Eta sababna, pangna hayang tepung deui jeung aranjeun teh. Da bareto ge, niatna simkuring mah rek ka aranjeun heula;
16 ti dinya, simkuring rek terus ka Makedoni. Ti Makedoni, simkuring rek balik deui ka aranjeun, arek menta dianteur ka Yudea.
17 Jadi, kumaha? Simkuring teh lanca-linci kitu? Pedah simkuring geus jangji rek datang, tapi lebeng bae.
18 Demi Allah, simkuring taya niat lanca-linci.
19 Isa Al Masih, Putra Allah, anu dikenalkeun ku simkuring, Silpanus, jeung Timoteus ge, henteu lanca-linci. Di Anjeunna mah, mun ‘enya’ teh, ‘enya.’
20 Sababna, nya Al Masih anu ngaenyakeun sakabeh jangji Allah teh. Eta pisan sababna, mun urang muji ka Allah, ana ngucapkeun ‘Amin’ teh kalawan nyambat jenengan Isa Al Masih.
21 Simkuring jeung aranjeun teh, ku Allah geus dikukuhkeun nepi ka babarengan jadi panganut Al Masih anu satia. Ari simkuring ku Mantenna diangkat,
22 jeung diterapan cap Mantenna tur dipaparin hiji pamanjer sajeroning hate, nya eta Ruh Mantenna.
23 Nu matak simkuring teu tulus ka Korinta teh lantaran karunya bae ka aranjeun. Allah nu langkung uninga jadi saksina.
24 Upama simkuring datang ge, taya maksud mapatahan tina sual kapercayaan sabab iman aranjeun geus sakitu kandelna. Maksud teh, taya lian ti seja ngabantu ngupayakeun pibagjaeun jeung pijamugaeun aranjeun.