1 Simkuring sapara kanca sama sakali teu terang, iraha Gusti Jungjunan urang teh baris sumping.
2 Teu perlu diterangkeun mangsa pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi; sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting urang teu nyangka-nyangka baris kaasupan bangsat.
3 Waktu anu ku jalma-jalma disangka aman sarta taya naon-naon, ana geletuk teh harita pisan kadatangan bahla, nepi ka maranehna teu bisa sumingkir deui: Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu keur ngajuru.
4 Tapi hirup aranjeun mah, kapan henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun moal kabongohan ku eta Wanci, kawas kabongohan ku bangsat.
5 Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku caang, nya eta beurang tea. Ari peuting mah urang moal bisa naon-naon lantaran poek.
6 Kahade urang mah ulah keuna ku teu eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu tetep nyaring pikir, eling salalawasna.
7 Mun aranjeun hees atawa mabok mah, atuh teu beda tina jeung ti peuting!
8 Urang mah anu di lingkungan caang, nya eta beurang tea, kudu waspada jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu make bae baju kere iman jeung kanyaah; ari balakutakna pangharepan kana mangsaning rahayu.
9 Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun geusan nadah hukuman, tapi geusan dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
10 Isa Al Masih geus pupus pikeun nalangan urang, sangkan boh keur hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep sasarengan jeung Anjeunna.
11 Tumali jeung eta, sing tetep kawas ayeuna, nya eta silih aping silih geuing.
12 Simkuring sapara kanca meredih: Muga aranjeunna, anu nungtun ka dulur-dulur jeung ngelingan enggoning anut ka Gusti, anu geus didaramel sakitu paeh-posona pikeun aranjeun; ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung diajenan.
13 Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna asih. Hargaan padamelanana. Masing layeut runtut-raut.
14 Jeung omat, lamun aya anu ngedul, papatahan; nu geus pegat pangharepan lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah, belaan; ka itu ka ieu sing sabar.
15 Poma, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan raresep kana melak kahadean, boh ka pada batur, boh ka masarakat umum.
16 Salawasna kudu janglar kudu hegar.
17 Ulah tinggal ti neneda.
18 Tarimakeun sagala nu dikersakeun. Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu anut ka Isa Al Masih.
19 Poma ulah mareuman Ruh.
20 Ulah ngabaekeun kana ucapan-ucapan kanabian.
21 Sagala rupa kudu diuji jeung dipaluruh. Nu hade pageuhan,
22 sakur nu goreng kudu disinglar.
23 Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun aranjeun tina sagala kaluluputan sarta jiwa raga katut roh aranjeun ge, tetep jeung mulus banglus nepi ka wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
24 Anu geus nyaur dulur-dulur teh, nya eta Anu Maha Saestu, tangtu ngalaksanakeun jangji-Na.
25 Doakeun simkuring sapara kanca.
26 Salam sono ka sakabeh dulur-dulur.
27 Demi Gusti, bacakeun ieu surat simkuring ka sakumna jamaah.
28 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinan rahmat ka aranjeun.