1 Meuntasna geus nepi ka wewengkon tanah Gadara, peuntaseun Talaga Galilea.
2 Barang jut, Isa, tina parahu; prok, Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu datangna ti hiji pamakaman.
3 Eta teh jelema edan anu kasurupan roh jahat; cicingna ge di pamakaman bae. Eta jelema teh, geus teu bisa diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali atawa rante nu kuat dipake nyangcang manehna.
4 Sababaraha kali ditalikung make rante, tapi rantena pegat-pegat bae, malah beusi bangkol sukuna oge bisa dipingges-pinggeskeun. Bedasna luar biasa, taya nu sanggup ngahalang-halang deui!
5 Beurang peuting gawena ngaprak di pamakaman atawa di gunung-gunung, bari ceuceuleuweungan jeung nurihan maneh ku batu seukeut.
6 Harita, ti kajauhan keneh geus awaseun ka Isa; deregdeg manehna muru, brek sideku ka Anjeunna bari nyembah.
7 Tuluy ngagorowok, “Aduh Isa, Putra Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!”
8 Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu, “He roh jahat, ingkah maneh ti eta jelema!”
9 Isa terus mariksa, “Maneh saha ngaran?” Jawabna, “Legiun!” Sabab nu nyurupna teh, lobaan!
10 Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh, sasambat, menta supaya anu nyurupna, anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta.
11 Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir.
12 Tuluy roh-roh jahat teh menta, “Ka itu bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.”
13 Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh jahat aringkah ti eta jelema, tuluy nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu sakitu lobana teh, kurang leuwih dua rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir; terus eta babi-babi teh, bras-brus kana talaga, kabeh paraeh.
14 Jelema-jelema anu ngangon eta babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat ka kota, aya nu ka kampung-kampung pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan riab harayang nyaho.
15 Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan teh keur anteng diuk, geus barang pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi maranehna mah, sarieuneun keneh.
16 Sanggeus nyaraho buktina, tuluy hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan tea.
17 Ahirna, kabeh urang dinya rempug, maksa ka Isa supaya buru-buru ngantunkeun eta tempat.
18 Sanggeus Isa kana parahu, urut nu edan teh hayangeun milu. “Abdi ngiring,” pokna.
19 Tapi ku Isa diwagel, saur-Na, “Mending balik ka lembur. Pek, di ditu, caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu anehna ka maneh, caritakeun kumaha rahman-rahim-Na ka maneh!”
20 Manehna nurut, tuluy indit ngider satanah Dekapolis (= Sapuluh Kota), nyaritakeun pitulung Isa. Anu ngadenge caritana, teu aya nu henteu ngarasa helok.
21 Isa meuntas deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga.
22 Jol, saurang pangurus tempat ibadah; jenenganana Yairus. Sumping-sumping terus sujud ka Isa;
23 bari ngalengis mundut tulung, “Mugi sumping ka rorompok. Pun anak, awewe, udur repot. Hoyong dipangningalikeun sareng dipangnumpangankeun ku panangan Anjeun; nya supados katulungan sareng tiasa sehat deui!”
24 Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari diiring ku balarea anu pasesedek hayang deukeut ka Anjeunna.
25 Aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih.
26 Ka tabib geus sering, duit ge geus beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh, teu cageur-cageur; malah mah, tambah parna bae.
27 Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy milu seselendep ka pungkureuna-Na.
28 “Rek nyabak tungtung jubah-Na bae aing mah, moal teu cageur!” Carekna ngomong sorangan.
29 Gap nyabak kana tungtung jubah. Set, ngagetihna, ngadadak eureun. Karasa jadi garenah, panyakit anu nyusahkeun teh geus cageur.
30 Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa aya tanaga anu mencar tina salira-Na. Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa, “Saha anu nyabak jubah Kami?”
31 Diwangsul ku murid-murid, “Naha nganggo mariksakeun anu nyabak? Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.”
32 Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian jelemana.
33 Nu nyabak-Na ngarasa asa boga dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy ngaku sabenerna bari ngadegdeg.
34 Tapi Isa ngalahir, “Geus nyai! Sukur geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai boga iman. Heug, saterusna, sing cageur ti kajuwet teh.”
35 Sabot Anjeunna sasauran, jol aya jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja, “Putra teh parantos pupus. Teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.”
36 Tapi beja teh ku Isa henteu didangu. Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, “Teu kedah rejag, sing yakin.”
37 Geus kitu, balarea ku Anjeunna diwagel teu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna tea.
38 Sasumpingna ka bumi Pa Yairus, nyampak nu keur careurik, tingrambisak, tingsalegruk, aya oge nu nepi ka aluk-alukan.
39 Tuluy Anjeunna lebet, nu keur careurik ditimbalan, “Ulah dipake nalangsa, parantos ulah narangis. Murangkalih teh lain maot, tapi keur sare!”
40 Tapi nya kitu, Anjeunna anggur disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang kalaluar; Anjeunna terus lebet ka kamar layon bareng jeung ibu ramana murangkalih jeung tilu murid-Na tea.
41 Ceg, leungeun layon teh, dicepeng; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Talita Kumi,” hartina, “Gugah, nyai!”
42 Murangkalih terus ngulisik, cengkat, tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana geus dua welas taun). — Atuh puguh bae matak kaget, matak bengong nu narenjo, hese dipercayana.
43 Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-omatanana, teu meunang ucah-aceh ka sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, “Bere dahar, eta budak teh!”