1 Isuk-isuk keneh pisan, imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, ahli-ahli Kitab, jeung sakumna anggota Mahkamah Agama geus buleud mupakatna. Tuluy Isa dirante, dibawa pikeun dipasrahkeun ka Gupernur Pilatus.
2 Pilatus mariksa ka Jungjunan, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Jungjunan, “Sakumaha kasauran anjeun.”
3 Eta imam-imam kapala ge, ngadakwakeun Anjeunna; panudingna teh mani rupa-rupa pisan.
4 Pilatus mariksa deui ka Isa, “Kumaha, bade ngabantah? Rea pisan tudinganana ka Anjeun!”
5 Isa tetep mindel, — teu kersa ngawaler deui — nepi ka Gupernur ngaraos heran.
6 Jaman eta geus biasa, unggal-unggal Hari Raya Paska sok aya sakitan anu dibebaskeun, nu mana bae nurutkeun usulan rayat.
7 Harita, di jero panjara aya sakitan pemberontak, ngaranna Barabas; dibuina bareng jeung pemberontak-pemberontak sejenna anu milu barontak sarta geus maehan jelema.
8 Harita, rayat geus mimiti meredih, supaya eta kabiasaan teh dijalankeun.
9 Waler Pilatus, “Maraneh teh rek menta ieu, Raja urang Yahudi, supaya bebas?”
10 Ku anjeunna ge geus kauninga, naon sababna pangna imam-imam kapala nepi ka nyerenkeun Isa ka anjeunna teh. Lantaranana mah, taya lian, nya eta sirik jeung dengki.
11 Tapi rayat geus diojok-ojok ku maranehna teh, nya eta sina milih Barabas tea.
12 Sakali deui Pilatus mariksa ka rayat, “Ari ieu, anu ku maraneh disebut Raja urang Yahudi, kumaha?”
13 Rayat tingcorowok, “Hukum! Gantung!”
14 Pilatus mariksa deui, “Tapi naon kajahatana-Na?” Rayat beuki tarik tingcorowokna, “Gantung, hukum gantung!”
15 Pilatus nedunan pamenta rayat, supaya rayat sugema. Geus kitu, Barabas dibebaskeun; ari Isa, sanggeus ku anjeunna dihukum rangket, tuluy diserenkeun sina disalib.
16 Geus kitu Isa digiring ku serdadu-serdadu ka istana Gupernuran, tempat pangadilan. Anggota pasukan sina kumpul kabeh ka dinya.
17 Isa ku serdadu-serdadu dianggoan jubah wungu, terus diterapan mamakutaan tina cucuk.
18 Ti dinya serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat, “Salam ka Raja urang Yahudi!”
19 Geus kitu buk-bek nareunggeulan ku panggebug kana mastaka-Na, bari jeung nyariduhan. Tuluy pura-pura darareku, nyarembah.
20 Ti dinya, Isa dibawa ka luar rek disalibkeun.
21 Sabot kitu, lar aya jelema ngaliwat anu kakara datang ti luar kota; eta jelema teh ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Alexander jeung Rupus. Tuluy manehna dipaksa sina mangmanggulkeun tihang salib Isa.
22 Geus kitu, kebat, Anjeunna dibawa ka hiji tempat anu ngaran Golgota (hartina: Tempat Tangkorek).
23 Sanggeus nepi, Jungjunan diasongan anggur nu dicampuran ku emur sina dileueut, tapi ku Isa ditolak.
24 Tuluy Anjeunna teh dipaku kana tihang salib. Anggoana-Na dilotrekeun dibagi-bagi.
25 Isa disalib teh, pukul salapan.
26 Pangdakwa anu netelakeun kalepatana-Na, — pangna nepi ka disalib — dijieun merek dipasang dina salib-Na, unina: “Raja urang Yahudi.”
27 Aya duaan deui nu digantung bareng jeung Anjeunna teh; duanana rampog, saurang tengeneun, saurang kiwaeuna-Na.
28 [Nya harita ngabuktina ayat Kitab Suci anu unina kieu: “Anjeunna disaruakeun jeung panjahat.”]
29 Jelema-jelema anu lalar liwat, tingtaruding bari gogodeg, “Geuning Maneh teh, anu majar rek ngaruag Bait Suci tea bari sasanggupanan rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe!
30 Turun atuh tina panggantungan, bebaskeun diri teh!”
31 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab oge ngararejek deuih jeung pada saihwanna, “Ari ka batur bisa tutulung; ari ka diri-Na sorangan mah, teu bisa nanaon.
32 Keun, eta Al Masih, raja urang Yahudi teh sina turun tina panggantungan, supaya katenjo ku urang, meureun urang teh percaya.” Malah panjahat nu bareng digantung tea ge, make pipilueun deuih, ngajejeleh ka Anjeunna teh.
33 Barang geus tengah poe, sakuliah wewengkon eta reup bae jadi poek ngadak-ngadak; lilana ti pukul dua belas nepi ka pukul tilu.
34 Dina pukul tilu, Isa ngajerit, sasambat, “Eloi, Eloi, lama sabakhtani?” Hartina: “Ya Allah, Jungjunan Simabdi, ku naon Abdi teh dikantun kieu?”
35 Sababaraha jelema anu keur narangtung di dinya, anu ngadenge sasambat-Na, ngaromong kieu, “Tah dengekeun, keur nyambat Nabi Elias!”
36 Aya nu gura-giru nyokot sepon dianclomkeun kana anggur beunang ngahaseuman, sanggeus ditiir ku tuturus, tuluy disodorkeun kana lambey Jungjunan sina diseuseup, bari ngomong, “Keun, hayang nyaho enya henteuna Nabi Elias sumping nurunkeun Manehna tina panggantungana-Na!”
37 Isa ngajerit sakali deui, lajeng masrahkeun nyawa-Na.
38 Sawaktu jeung eta, berewek, reregan Bait Suci soeh dadak sakala, bedah ti luhur ka handap.
39 Komandan pasukan pangawal, anu nangtungna hareupeun tihang salib, pok bae ngucap, “Tetela, ieu Jelema teh, Putra Allah!”
40 Rada anggang ti dinya, aya sababaraha wanita. Eta para wanita teh, di antarana, Maryam Magdalena, Siti Maryam — ibu rai-rai Isa nu ngaran Yakobus jeung Yoses — sarta Salome.
41 Eta wanita-wanita, kabeh ge, jelema-jelema anu sok mimilu jeung ngabantu ka Isa, keur Anjeunna aya di Galilea. Rea deui wanita-wanita sejenna ti Yerusalem, anu daratangna ka dinya, sawaktu reujeung Isa.
42 Wanci geus sareupna, aya nu sumping, jenenganana Yusup urang Arimatea. Anjeunna teh, anggota terhormat ti Mahkamah Agama, anu sami nganti-nganti ngadegna Karajaan Allah. Poe eta teh, poe Panyadiaan; hartina, sapoe memeh poe Sabat.
43 Ku sabab eta, kalayan teuneung ludeung anjeunna ngadeuheus ka Gupernur Pilatus pikeun mundut layon Isa.
44 Diwartosan Isa parantos pupus teh, Gupernur dugi ka ngarenjag heran; lajeng anjeunna manggil Kapala Pasukan, mariksakeun enya henteuna Isa geus pupus.
45 Sanggeus kenging katerangan ti Kapala Pasukan, Yusup ku anjeun diwidian nyandak layon.
46 Yusup teh, geus ngagaleuh boeh. Sanggeus diturunkeun tina tihang salib, layon teh terus bae dibungkus ku boeh; tuluy eta layon dikurebkeun di hiji makam, anu dijieunna dibobok dina gunung batu; geus kitu, lawang guha pajaratana-Na, ditutup ku batu gede.
47 Waktu ngurebkeunana, Maryam Magdalena jeung Maryam, — ibuna Yoses — milu nyaraksian.