1 Sanggeus liwat poe Sabat, dina poe Mingguna, rebun-rebun keneh Maryam Magdalena jeung Maryam geus arindit ngalongok pajaratan.
2 Dumadakan aya lini gede sabab aya malaikat Pangeran lungsur ti langit ka lebah pajaratan; tuluy batu tutup pajaratan teh digulingkeun, terus gek dicalikan ku eta malaikat.
3 Eta malaikat, rarayna, lir cahaya kilat; anggoanana putih beresih kabina-bina.
4 Anu keur ngajaraga pajaratan pohara kasingsieuneunana nepi tingrumpuyuk kawas nu paraeh.
5 Malaikat teh ngalahir ka wanita-wanita tea, saurna, “Ulah sieun. Kami nyaho, maraneh rek ngalongok Isa anu disalibkeun tea.
6 Anjeunna teu aya di dieu; sabab Anjeunna teh geus gugah, sakumaha dawuhana-Na. Pek ilikan, tah urut-Na ebog.
7 Ayeuna buru-buru ka ditu, bejakeun ka murid-murid-Na, yen Anjeunna geus gugah ti anu geus maraot. Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea, tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di ditu. Kami ngomong anu saenyana.”
8 Terus eta wanita-wanita teh arindit ninggalkeun pajaratan, sieun pacampur jeung bungah nu taya hinggana; aranjeunna teh lalumpatan pikeun ngabejaan murid-murid Isa.
9 Dumadakan Isa amprok jeung maranehna, saur-Na, “Assalamualaikum.” Terus bae maranehna teh ngagabrug kana sampeana-Na, tuluy marunjungan.
10 Saur Isa, “Ulah sieun. Bejakeun ka ditu, ka dulur-dulur Kami, yen maranehna kudu arindit ka Galilea. Engke, di ditu, maraneh tangtu papanggih jeung Kami.”
11 Sabot maranehna di tengah jalan keneh, sawatara urang anu ngajaraga pajaratan arindit ka kota, ngalaporkeun kajadian tadi ka imam-imam kapala.
12 Aranjeunna badami jeung parakokolot, terus mutuskeun mere panyocok ku duit sacukupna ka serdadu-serdadu jaga tea,
13 bari salaurna, “Uar-uar ku maraneh, yen Manehna dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh harees.
14 Lamun hal ieu kadangueun ku gupernur, keun kami anu ngomongna, supaya maraneh teu manggih kasusahan naon-naon.”
15 Duit ditarima ku serdadu-serdadu sarta maranehna terus uar-uar sakumaha papatah tadi. Eta carita terus nerekab ka sabangsa Yahudi, manjang nepi ka kiwari.
16 Geus kitu, murid-murid anu sabelas arindit ka Galilea, ka hiji gunung anu geus dituduhkeun ku Isa.
17 Sanggeus tepung jeung Anjeunna, terus maranehna munjungan. Tapi nu sawarehna mah, hamham keneh.
18 Isa terus nyaketan ka maranehna bari ngalahir, “Sakabeh kawasa di sawarga jeung di bumi geus dipasrahkeun ka Kami.
19 Ku sabab eta, maraneh kudu iang, kabeh bangsa kudu dijadikeun murid Kami sarta kudu dibaptis kalawan jenengan Rama, Putra, jeung Ruh Allah.
20 Jaba ti eta, maranehna teh kudu diwurukan sina ngalampahkeun sagala rupa hal anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Maraneh sing yakin, yen Kami teh terus ngareujeungan ka maraneh sapapanjangna, tepi ka ahir jaman.”