1 Sajeroning kitu, rebuan jelema karumpul deui nepi ka pacocok-cocok. Isa ngawulang deui ka murid-murid-Na heula, saur-Na, “Sing ati-ati, ulah nepi kapangaruhan ku ragi kamunapekan urang Parisi.
2 Saniskara anu disumput-sumput geus tangtu kabuka atawa anu ku maraneh diucapkeun rerencepan, tangtu bakal kadenge terang-terangan;
3 atawa anu diharewoskeun kana ceuli di jero kamar, tangtu bakal diuar-uarkeun tina loteng-loteng.
4 Dulur-dulur kami ngingetan: Ulah sieun ku anu ukur bisa ngabinasa kana awak, tapi geus kitu teu bisa nanaon deui.
5 Ku Kami rek diterangkeun, saha anu wajib dipikasieun: Anu wajib dipikasieun teh, nya eta Anjeunna anu iasa maehkeun tur kagungan kawasa ngajebloskeun maraneh ka naraka. Sakali deui: Masing sieun ku Anjeunna!
6 Piit lima siki, hargana teh lain ngan peperakan bae? Tapi sahiji ge, taya anu dilali-lali ku Allah.
7 Malah buuk anu dina sirah maraneh oge, kabeh geus dietang. Ku sabab eta ulah salempang, da pangaji maraneh teh leuwih ti batan piit saabrulan.
8 Ceuk Kami: Saha-saha anu ngaku ka Kami di kalangan manusa, Putra Manusa oge baris ngaku ka manehna di hareupeun malaikat-malaikat Allah.
9 Sabalikna, anu nampik ka Kami di kalangan manusa, oge bakal ditampik di hareupeun malaikat-malaikat Allah.
10 Tiap jelema anu omonganana ngalawan ka Putra Manusa, bisa keneh dihampura. Tapi anu ngagogoreng Ruh Allah mah, moal dihampura.
11 Lamun maraneh dijagragkeun ka majelis-majelis, ka pamarentah, atawa ka pembesar-pembesar, ulah bingung kumaha ngomongna enggoning ngabela diri.
12 Sabab waktu eta keneh oge, Ruh Allah tangtu mere piomongeun.”
13 Ngong ti jalma rea aya anu mihatur ka Isa, “Guru, pangwawadiankeun pun dulur, supados babagi warisan sareng abdi.”
14 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Kisanak, na saha anu ngajenengkeun Kami jadi hakim pikeun mutus urusan maneh?”
15 Saur-Na deui ka nu loba, “Kahade sing ati-ati, ulah hawek. Sabab jelema teh, najan sugih mukti beurat beunghar; umurna mah, henteu gumantung kana harta kakayaanana.”
16 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji misil ka maranehna, saur-Na, “Aya jelema beunghar, hasil bumina mucekil.
17 Ngomong dina hatena: Kumaha nya peta, ieu hasil bumi teh di mana deui nyimpenna.
18 Wah kieu bae: Gudang-gudang nu geus aya dirombak, nyieun deui anu leuwih gede keur sisimpenan, boh gandum, boh barang-barang sejenna.
19 Terus aing rek ngogo maneh: Tah, banda enggeus loba, numpuk nyusun mahi keur mangtaun-taun; pek reureuh, dahar, nginum, senang-senang!
20 Tapi Allah ngadawuh ka manehna: Eh, nu gejul, peuting ieu keneh nyawa maneh baris dicabut ku Kami! Cik keur saha engke eta banda beunang kukumpul teh?
21 Tah kitu, balukarna jelema anu ngumpul-ngumpul bae kabeungharan keur sadirieunana bari jeung henteu beunghar di payuneun Allah teh.”
22 Isa ngalahir ka murid-murid-Na deui, “Ku sabab eta, Kami rek ngawawadian ka maraneh: Pikeun hirup ulah salempang ku pangan; pikeun awak ulah salempang ku sandang.
23 Sabab penting keneh hirupna, ti batan pangan; penting keneh awakna, ti batan sandang.
24 Pek titenan manuk gagak, tara teuing tandur, tara dibuat, teu boga gudang atawa leuit, tapi ku Allah teu burung diparaban. Komo deui maraneh, anu jauh tangeh pangajina ti batan gagak!
25 Naha ari ku salempang teh maraneh pibisaeun nyambung jalaning hirup barang saasta?
26 Ari rumasa teu sanggup nyieun barang anu paling teu pira, naon gunana salempang ku hal-hal sejen?
27 Perhatikeun kembang bakung, tara nganteh tara ninun, tapi cek Kami: Raja Sulaeman anu sakitu agungna, panganggona mah eleh alus ku kembang bakung.
28 Kitu oge jukut di tegalan, anu poe ieu aya keneh isukna geus diawurkeun kana seuneu, ku Allah teu burung diropea; atuh komo deui maraneh, eh anu karurang iman!
29 Kitu nu matak ulah sok ngarasula, sieun teu dahar, sieun teu make, barina jeung leutik hate.
30 Memang eta hal teh, ku jelema-jelema anu teu wawuh ka Allah mah, ditareang. Nanging Rama maraneh mah uninga, yen maraneh teh butuh ku sagala kaperluan eta.
31 Teangan heula Karajaan Anjeunna, da pangabutuh hirup mah tinangtu ku Anjeunna diwuwuhan.
32 Ulah honcewang, eh barisan leutik! Sabab ku kersaning nu jadi Rama, maraneh teh ginanjar eta Karajaan.
33 Jual kabeh harta milik, sidekahkeun! Kudu boga pepeten anu teu keuna ku ruksak, nya eta banda sawarga nu moal aya sudana, moal kagadabah ku bangsat, jeung moal diruksak ku geget.
34 Sabab di mana ayana harta banda maneh, di dinya hate maneh cumantelna.”
35 “Sing caringcing, sing saringset taki-taki, jeung ulah pareumeun damar.
36 Maraneh teh sing kawas nu keur ngadago-dago dunungan ti nu hajat ngawinkeun, supaya di mana dunungan datang keketrok, maraneh bisa gancang muka panto.
37 Untung bujang anu ku dununganana kasampak nyaring. Cek Kami: Dununganana tangtu singkil, nitah dalahar ka maranehna bari seug ngalaladenan.
38 Lamun datangna tengah peuting atawa janari, untung bujang-bujang anu kasampak nyaring ngadago.
39 Maraneh nyaho: Lamun nu boga imah nyaho iraha-irahana bangsat pidatangeunana, tangtu taki-taki, moal ngantep imahna dibongkar.
40 Maraneh oge, kudu waspada; sabab Putra Manusa teh, datang-Na teu kataksir ti anggalna.”
41 Petrus mihatur, “Jungjunan, eta misil teh nujul ka abdi-abdi bae atanapi ka sadayana?”
42 Saur-Na, “Cik, pangawas rumah tangga anu mana nu geten tulaten, anu ku dununganana bakal diangkat ngapalaan bujang-bujang sejen, baris mere dahar ka maranehna dina waktuna?
43 Untung eta bujang teh, lamun dununganana datang kasampak manehna keur ngalakonan papancen.
44 Cek Kami: Ku dununganana, manehna, bakal diangkat kana ngurus sakabeh harta bandana.
45 Sabalikna, lamun eta gandek nyangka dununganana moal tereh-tereh datang, bari tuluy nyiksa ka nu pada-pada bubujang jeung lalanjang; ari manehna ngadon dahar, nginum, jeung mabok.
46 Ana kurutak dunungan datang dina poe jeung waktu anu jauh tina sangkaanana, munasabah lamun ku dununganana nepi ka disiksa oge, sina sanasib jeung jelema-jelema anu barengkok sembah.
47 Gandek anu nyaho kana karep dunungan, tapi henteu parigel atawa henteu jeung prakna ngalakonan karep dunungan, tangtu dirangketan pupuasan.
48 Sabalikna, gandek anu teu nyaho kana karep dunungan, nepi ka nyieun kasalahan anu balukarna matak dirangket, dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui dipentana; anu kacida dipercayana, leuwih gede deui tanggung jawabna.”
49 “Kami datang rek ngalungkeun seuneu ka ieu bumi, bari kacida ngarep-ngarepna, sing hurung eta seuneu teh!
50 Kami wajib meunangkeun baptisan; samemeh eta kasorang, Kami kacida susahna!
51 Naha panyangka teh Kami datang rek mawa karapihan ka ieu bumi? Lain, cek Kami: Lain mawa karapihan, tapi mawa picekcokkeun.
52 Sabab mimiti ti semet ieu, antara lima urang di sahiji imah bakal cekcok, tilu lawan dua, dua lawan tilu.
53 Maranehna bakal cekcok: Bapa jeung anak lalaki; anak lalaki jeung bapa; indung jeung anak awewe; anak awewe jeung indung; mitoha awewe jeung minantu awewe; minantu awewe jeung mitoha awewe.”
54 Saur-Na deui ka jalma rea, “Mun di langit beulah kulon aya mega, cek maraneh bakal hujan jeung enya hujan.
55 Mun angin niup ti kidul, cek maraneh bakal panas poe jeung enya panas poe.
56 Eh, jelema-jelema munapek, kana galagat bumi jeung langit maraneh tenget!
57 Jeung ku naon teu barisa nimbang-nimbang perkara nu pibenereun?
58 Benerna, lamun maraneh ku nu jadi lawan dibawa ka pangadilan, meungpeung di jalan keneh ulah weleh ihtiaran nepi ka lawan daekeun akur, supaya maneh teu tulus dikahakimkeun. Lamun henteu kitu, manehna tangtu bakal nyelehkeun maneh ka nu wajib, maneh dijebloskeun ka jero panjara.
59 Cek Kami: Maneh moal kaluar-luar ti dinya, samemeh hutang maneh lunas.”