1 Naon tea nu ngalantarankeun dulur-dulur pasentrok jeung pabengkah teh? Naha eta teh lain ku lantaran hawa napsu anu salawasna ngagoda?
2 Ana kahayang henteu kahontal, dulur-dulur tega nepi ka maehan. Hayang anu, tapi teu bisa laksana, dibelaan ribut nepi ka garelut. Tapi keukeuh henteu beunang, da puguh henteu neneda tea.
3 Atawa neneda, tapi teu dikabul lantaran tekadna salah, nya eta ngan seja muaskeun kahayang sorangan.
4 Dasar golongan henteu satia! Kawas nu teu nyaho bae, yen misobat kana kadunyaan teh ngamusuh ka Allah. Raket kana kadunyaan teh, hartina jauh ti Allah.
5 Ulah dikira taya maksudna Kitab Suci nyebutkeun: “Ruh anu ku Allah diancikkeun di diri urang, dimaksad kanggo Mantenna ku anjeun.”
6 Sabalikna, kurnia-Na oge ka urang leuwih agung batan eta, sakumaha ceuk Kitab Suci: “Jelema nu garumede ku Allah ditolak, sabalikna, nu rarendah hate ku Mantenna diberkahan.”
7 Ku sabab eta, masing sumerah ka Allah. Lawan Setan teh, tanwande manehna kabur.
8 Sing raket ka Allah, tanwande Mantenna oge raket ka aranjeun. Sucikeun leungeun, ulah daroraka kitu! Sucikeun hate, ulah marunapek kitu!
9 Aranjeun teh kuduna mah nalangsa, ceurik, ngerik, jauh ti matak gumbira jeung bagja. Kudu prihatin!
10 Tundukkeun diri di payuneun Pangeran, tangtu ku Mantenna dijungjung.
11 Omat dulur-dulur, ulah silih gorengkeun. Sing saha anu ngagorengkeun atawa ngahukuman batur, eta tegesna moyok jeung nyebut teu bener kana hukum. Lamun aranjeun nyebut teu bener kana hukum, tandaning embung nurut kana hukum, malah sasat jadi hakimna.
12 Anging Allah Anu wenang ngaluarkeun jeung nyalahkeun hukum teh. Anging Mantenna Anu kawasa nyalametkeun jeung ngaruksakna. Saha karah aranjeun teh, make nyebut teu bener ka batur?
13 Aranjeun sok ujub kieu: “Poe ieu atawa poe Anu, urang rek ka dayeuh Anu, sataun lilana; nya rek balantik nyiar untung.”
14 Padahal teu nyaho isukan baris kumaha. Tur hirup teh ibarat halimun ipis, aya sakeudeung les leungit deui.
15 Kuduna ngomong teh kieu: “Manawi Allah marengkeun, kuring teh gaduh niat seja anu.”
16 Ari aranjeun anggur ujub jeung takabur. Salah kabina-bina eta teh!
17 Ku sabab eta, anu nyaho kana lampah hade, tapi teu prak dipilampah; eta teh dosa!