1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Epesus. Ieu pangandika anu nyepeng tujuh bentang dina panangan tengen, anu angkat-Na digondeng ku tujuh ajug emas:
2 Kami nyaho pagawean-pagawean maneh; Kami ge nyaho kasuhudan jeung kamantepan maneh. Kami nyaho maneh jengkel ku jelema-jelema anu garoreng tekad, nya eta anu ngaku-ngaku nabi padahal lain; da ku maneh geus dijajal tea sarta kanyahoan, yen maranehna teh titiron.
3 Maneh tagen, sabar nandangan sangsara ku karana Kami.
4 Tapi aya cawadeunana: Maneh geus kurang nyaah ka Kami, teu kawas keur mimiti.
5 Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat sarta lampahkeun deui kahadean saperti anu enggeus-enggeus. Lamun henteu! Kami tangtu datang nyokot ajug maneh tina tempatna.
6 Ngan papadaning kitu, aya keneh nu matak suka ka Kami, dumeh maneh cua ku tingkah lakuna murid-murid Nikolaus anu dipake kacua ku Kami.
7 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, baris wenang ngadahar buah Tangkal ki-Hirup ti Taman Pangeran.”
8 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu pangandika ti Nu jumeneng, Nu Awal jeung Nu Ahir, Nu geus nyorang ajal pati, Nu hirup deui.
9 Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh miskin, tapi saenyana maneh teh beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Sabab maranehna, kabeh, umat Setan.
10 Ulah rentag ngayonan kasangsaraan nu kudu kasorang! Maneh baris ditempuh ku kasukeran sapuluh poe lilana, nandangan panggoda Iblis: Sawatara jalma, ti maraneh, baris dijebloskeun ka jero panjara. Maraneh sing pengkuh ka Kami, tumeka ing pati; tangtu maraneh, ku Kami diganjaran makutaning hirup.
11 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, hamo kasiksa ku maot anu kadua.”
12 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Pergamus: Ieu pangandika ti Nu nyepeng pedang anu dua pangadekna.
13 Kami nyaho di mana maneh nya ngancik: Di enggon Iblis! Parandene maneh tetep kumureb ka Kami. Kitu deui, basa Antipas saksi Kami nu satuhu tea dipaehan di enggon Iblis, maneh tetep satuhu ka Kami.
14 Tapi aya sababaraha hal di maneh anu Kami teu sapuk, nya eta: Aya nu nyarekel paham Balhum, anu baheula ngajar ka Balak nitah nyasabkeun urang Israil sina rucah jeung ngadahar sasajen pikeun brahala.
15 Jeung aya anu marilu kana ajaran kaom Nikolaus.
16 Geura tobat. Lamun henteu! Kami tangtu gancang-gancang datang, pikeun numpes anu kararitu ku pedang ti baham Kami.
17 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah. Sing saha nu unggul, baris meunang sabangsa kadaharan anu disebut: Manna Gaib jeung diganjar hiji batu putih, anu diukiran hiji ngaran anyar, anu hamo aya nu nyaho iwal ti anu narimana.”
18 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Tiatira: Ieu pangandika ti Nu jadi Putra Allah, anu soca-Na moncorong, lir seuneu hurung; sampeana-Na gilap herang, lir suasa.
19 Kami nyaho lampah maneh. Maneh gede kanyaah, kandel iman, daek tutulung, tur sabar. Kami nyaho, eta kabeh ku maneh dilakonan leuwih ti nu enggeus-enggeus.
20 Tapi Kami aya cawadeun ka maneh: Awewe anu ngaran Isebel, anu ngaku-ngaku jadi nabi Allah, ku maneh diantep bae. Eta teh mapatahan teu bageur, ngagoda ka abdi-abdi Kami, ngajak ngaranyed jeung ngajak ngadahar sasajen pikeun brahala.
21 Eta awewe ku Kami geus dibere tempo, sangkan babalik pikir; tapi manehna euweuh euih-euihna, tetep bae rucah jinah.
22 Ku Kami baris dibeubeutkeun kana pangheesanana, diterapan kasakit. Sakur anu geus jinah jeung manehna ge baris diterapan lara anu parna, saupama henteu tobat tina rucahna jeung eta awewe.
23 Anak-anak eta awewe baris disina paraeh, sangkan jamaah nyaho, yen Kami teh estu awas kana saeusining hate jeung angen-angen manusa. Masing-masing ku Kami baris dibales satimpal jeung kalakuanana.
24 Anu lian-lianna, nya maraneh anu di Tiatira, anu henteu ancrub kana eta kalakuan aeb jeung henteu milu nyukcruk elmu anu disebut ‘Seluk-beluk rasiah Setan,’ ku Kami moal dimomotan kabeubeurat nanaon deui.
25 Tapi anu geus kapimilik ku maneh kudu dicekel sing pageuh, tepi ka Kami datang.
26 Sing saha nu unggul, jeung tigin nohonan parentah Kami nepi ka jucungna, ku Kami baris dikawasakeun murba ka bangsa-bangsa anu teu baroga Allah;
27 manehna rek sina nyangking iteuk beusi pikeun ngancurkeun nu teu baroga Allah tepi ka bubuk, lir pariuk remuk.
28 Manehna baris dibere kawasa, cara kawasa anu ku Kami katarima ti Kangjeng Rama, jeung diganjar Bentang Timur.
29 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.”