1 Rebun-rebun keneh, dina poe kahiji tina minggu eta, para wanita geus arindit ka pajaratan bari marawa rampe jeung minyak seungit beunang nyadiakeun mangkukna tea.
2 Barang geus tepi, kasampak batu tutup guha pajaratan teh geus ngagoler.
3 Tuluy maranehna teh, sup ka jero, tapi layon Isa teu aya.
4 Sabot tingharuleng, ujug-ujug, breh bae aya anu narangtung duaan deukeut maranehna; papakeanana ngagebur cahayaan.
5 Maranehna mareungpeunan beungeut bawaning ku sieun, tapi anu duaan teh ngajak ngomong, “Anjeunna teh hirup, naha diteang ka enggon anu paraeh?
6 Teu aya di dieu Anjeunna mah, geus gugah. Sing inget ka dawuhana-Na keur basa di Galilea tea.
7 Kapan saur-Na: Putra Manusa teh geus mistina diselehkeun ka jelema-jelema doraka terus disalib, tapi tangtu gugah deui dina poe katiluna.”
8 Ras bae, maranehna, inget deui kana dawuhan Anjeunna tea.
9 Samulangna ti pajaratan, hal eta, ku maranehna dicaritakeun ka murid-murid anu sabelas; kitu deui, ka duduluran-duduluran sejenna.
10 Eta wanita-wanita teh, — nya eta Maryam Magdalena, Yohana, Maryam ibu Yakobus, jeung anu sejen-sejenna anu ngabarengan — pada nyaritakeun hal eta ka rasul-rasul tea.
11 Tapi caritaanana dianggap omong kosong bae, teu dipercaya.
12 Ngan Petrus anu buru-buru lumpat muru ka pajaratan. Barang manehna ngalongok ka jero guha pajaratan, ngan nenjo boeh bae ngalumbuk. Manehna teh, leos indit deui bari tumanya di jero hatena, aya naon kira-kirana.
13 Poe eta keneh, aya dua murid Isa anu keur laleumpang ka hiji kampung ngaranna kampung Emaus. Jauhna ti Yerusalem kira-kira tujuh pal.
14 Bari leumpang nyaritakeun sagala anu anyar kajadian.
15 Sabot gunem catur tukeur pikiran, jol bae Isa nyaketan maranehna, terus angkat bareng jeung maranehna.
16 Tapi panon maranehna kawas anu kalampudan, nepi ka teu warawuh ka Anjeunna.
17 Saur Isa, “Keur gunem catur naon?” Maranehna ngarandeg semu nu heran.
18 Pok, nu ngaranna Kleopas, ngajawab, “Naha Anjeun teh jalmi ngumbara di Yerusalem, nepi ka teu terang kana kajadian anu sakitu haneutna keneh?”
19 Saur Isa, “Naon tea?” Jawabna, “Eta, perkara Isa, urang Nasaret tea, nu kagungan daya kakuatan dina kasauran jeung dina tindakan di payuneun Allah jeung di kalangan bangsa kuring.
20 Tapi ditangkep ku imam-imam kapala jeung ku pepentol-pepentol bangsa kuring, tuluy Anjeunna diserenkeun pikeun dihukum pati, nya eta disalib tea.
21 Tadina, pohara diharepna ku kuring sarerea, diharep bakal ngabebaskeun bangsa Israil. Kajadianana teh, tilu poe ka tukang.
22 Geus kitu, meunang deui beja anu pikareuwaseun pisan ti babaturan wanita, anu rebun-rebun keneh tas ngalongok pajaratan.
23 Cek maranehna: Layon Anjeunna teh teu aya. Maranehna nerangkeun nenjo malaikat-malaikat anu nyaurkeun, yen Anjeunna geus gugah hirup deui.
24 Terus disidikkeun ku babaturan ka pajaratan, enya Anjeunna geus teu aya.”
25 Saur Isa, “Bodo maraneh, pikiran maraneh teh kuled, nepi ka teu percaya kana sagala kasauran nabi-nabi!
26 Ari Al Masih teh naha lain geus mistina nandangan eta sakabeh, geusan jalan kana kamulyaana-Na?”
27 Ti dinya, ku Anjeunna diterangkeun ka maranehna naon-naon anu geus dituliskeun dina Kitab Suci, mimiti ti kitab-kitab Musa nepi ka kitab-kitab paranabi.
28 Sanggeus deukeut ka kampung anu dijugjug, Anjeunna kawas anu rek lajeng.
29 Tapi ku maranehna dikeukeuhan diajak sindang, pokna, “Ngarereb heula di kuring, geus burit, sakeudeung deui ge panonpoe surup.” Terus Anjeunna sindang ka maranehna.
30 Waktu tuang ngariung jeung maranehna, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, nyemplekan roti, terus disodorkeun ka maranehna.
31 Geus kitu, kakara panon maranehna teges, wawuh deui ka Anjeunna, tapi Anjeunna terus ngaleungit ti dinya.
32 Cek maranehna, “Pantes waktu Anjeunna sasauran tadi di jalan bari nerangkeun Kitab Suci, hate urang kacida kumejotna.”
33 Ti dinya, kencling bae maranehna baralik deui ka Yerusalem pikeun nepungan murid-murid anu sabelas; ari kasampak teh, nya keur kumpul sabatur-batur.
34 Cek murid-murid nu di darinya, “Enya Jungjunan teh geus gugah, geus nembongan ka Simon.”
35 Ti dinya, murid-murid anu ti Emaus pupulih perkara papanggihanana tadi di jalan, jeung carana maranehna wawuh deui ka Anjeunna waktu Anjeunna nyemplekan roti.
36 Sabot keur gunem catur kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna; lajeng Anjeunna sasauran, “Bagea!”
37 Maranehna ngararenjag pacampur jeung sieun, panyangkana jurig.
38 Anjeunna sasauran deui, “Naha ngararenjag jeung hamham sagala?
39 Tenjo ieu leungeun jeung suku Kami, pek rampa sarta sidikkeun; da jurig mah, euweuh jirimna, henteu tulangan henteu dagingan, sakumaha Kami ayeuna.”
40 Bari sasauran kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung sampeana-Na.
41 Maranehna bati hemeng atoh pacampur jeung heran, tapi acan pati percaya keneh. Ku sabab eta, Anjeunna lajeng mariksakeun, “Aya kadaharan?”
42 Ku maranehna dihaturanan lauk sapotong,
43 terus ku Anjeunna dituang di dinya.
44 Anjeunna sasauran deui, “Bareto Kami geus ngomong waktu urang masih babarengan keneh, yen sagala rupa anu geus ditulis ngeunaan diri Kami dina kitab Toret Musa, kitab nabi-nabi jeung kitab Zabur pinasti kudu dilakonan. Eta omongan Kami, ayeuna kabuktian.”
45 Ti dinya, Anjeunna nyaangkeun pikiran maranehna, nepi ka maranehna bisa ngahartikeun Kitab Suci.
46 Saur-Na deui, “Geus dituliskeun kieu: Al Masih kudu nandangan eta kabeh, dina poe nu katilu gugah deui ti antara nu paraeh.
47 Jeung deui: Kalayan Asmana, hal pertobat jeung panghampura dosa teh kudu diwawarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem.
48 Nya maraneh saksina tina ieu sakabeh perkara.
49 Kami ge tangtu ngutus anu geus dijangjikeun ku Ama Kami ka maraneh. Tapi maraneh kudu tetep heula di ieu kota, nepi ka mangsana maraneh meunang pangdeudeul kakawasaan ti manggung.”
50 Geus kitu, maranehna ku Isa dicandak ka luar kota, nepi ka deukeut kampung Betania.
51 Sabot Anjeunna keur ngaberkahan ka maranehna, tuluy paturay, diangkat ka sawarga.
52 Brek, maranehna, sarujud nyembah ka Anjeunna; terus maranehna teh marulang deui ka Yerusalem kalawan suka bungah.
53 Maranehna, sapopoena, araya bae di Bait Suci bari ngamulyakeun ka Allah.