1 Sanggeus tilu poe, aya di eta propinsi, Pestus miang ti Kesarea ka Yerusalem.
2 Ti dinya, imam-imam kapala jeung urang Yahudi golongan terkemuka daratang ngadeuheus pikeun ngadakwa Paulus.
3 Malah ngasongkeun pamenta anu ngabahayakeun Paulus, nya eta supaya Paulus diparentahkeun dibawa ka Yerusalem. Ku maranehna geus diatur, nya eta rek dipegat di tengah jalan baris dipaehan.
4 Tapi saur Pestus, Paulus teh rek ditahan di Kesarea bae; da anjeunna baris buru-buru ka ditu deui.
5 Saurna deui, “Alusna mah, anu nyarangking wewenang di aranjeun bareng jeung kula ka daritu. Pek manehna dakwa di ditu, ari enya aya kasalahanana mah.”
6 Pestus, di Yerusalemna, kira-kira ngan dalapan atawa sapuluh poe; tuluy anjeunna mulang ka Kesarea. Poe isukna, anjeunna marentahkeun ngala Paulus, rek disidangkeun perkarana.
7 Sanggeus Paulus aya di pangadilan, ku urang Yahudi anu ti Yerusalem dilingkung, tuluy didakwa ku rupa-rupa tudingan anu bareurat anu teu aya buktina.
8 Sabalikna, Paulus ngabela diri, kieu, “Simkuring henteu ngalanggar naon-naon, boh ka Toret urang Yahudi, boh ka Bait Allah, boh ka Sang Prabu.”
9 Tapi Pestus, ku sabab seja ngalap hate urang Yahudi, mariksa, “Kumaha upama maneh diiangkeun ka Yerusalem, dipariksa di ditu di harepan ku kami?”
10 Walon Paulus, “Ku margi simkuring parantos aya dina lingkungan pangadilan Sang Prabu, dipariksa oge kedah di dieu. Ku bapa oge kauninga leres-leres, simkuring ka urang Yahudi teh teu pisan-pisan gaduh kalepatan.
11 Upami leres-leres simkuring lepat atanapi nyieun kajahatan anu manjing hukum pati, sukalilah simkuring seja nampi. Sawangsulna, upami dakwaan maranehna henteu leres, pihak mana oge teu aya hakna nyerenkeun simkuring ka manehna. Simkuring seja naek banding ka Sang Prabu.”
12 Sanggeus anggota-anggota pangadilan rundingan, Pestus ngawaler ka Paulus, “Maneh geus naek banding ka Sang Prabu, jadi kudu ka ditu, ngadep ka anjeunna.”
13 Sawatara poe ti harita, sumping raja Agripa jeung Bernika ka Pestus tawis panghormat ka anjeunna.
14 Natamuna meunang sababaraha poe. Ku Pestus dicariosan perkara Paulus, saurna, “Di dieu aya hiji sakitan titinggal Peliks anu nembe dialihkeun ti dieu tea.
15 Nalika simkuring ka Yerusalem, eta sakitan teh didakwa ku imam-imam kapala sareng ku sesepuh bangsa Yahudi; malah saur aranjeunna mah, eta sakitan teh, kedah ditibanan hukuman.
16 Sanggem simkuring, bangsa Rum henteu biasa masrahkeun atanapi ngahadiahkeun sakitan kitu bae, nya kedah lawung heula sareng anu ngadakwana tur kedah dipaparin kasempetan ngabela diri.
17 Bral bae, aranjeunna sarumping ka dieu bareng sareng simkuring. Enjingna, eta sakitan teh dijagragkeun, perkarana disidangkeun.
18 Manehna dilingkung ku anu ngadarakwana. Nanging maranehna, teu tiasa ngabuktikeun kajahatan eta sakitan. Ku simkuring oge parantos kataksir kitu ti samemehna.
19 Perkarana mung ngeunaan sual-sual agama sareng perkawis Isa, anu sayaktosna parantos tilar dunya, nanging numutkeun Paulus mah hirup deui.
20 Simkuring bingung, kumaha mariksana perkawis sarupi kitu. Ku margi eta, Paulus teh, ku simkuring ditaros daek henteuna upami perkarana dipariksa di Yerusalem.
21 Sanggemna bade naek banding. Malah, samemeh perkarana diputus ku sang Prabu bade ngantos dina tahanan bae. Nya ditahan dongkap ka ayeuna, ngantos kana waktosna dideuheuskeun ka sang Prabu.”
22 Saur Raja Agripa, “Simkuring hoyong nguping ti jalmina sorangan.” Waler Pestus, “Manawi, enjing oge tiasa.”
23 Poe isukna, raja Agripa sumping ka Pangadilan, — nganggo anggoan karajaan — dibarengan ku Bernika, perwira-perwira, jeung jalma-jalma anu parenting di kota eta. Pestus marentahkeun supaya Paulus dideuheuskeun.
24 Geus kitu, Pestus sasauran, “Kanjeng raja Agripa anu mulya, miwah hadirin sadaya. Ieu Jalmi, didakwa ku sakumna urang Yahudi, boh ku nu di Yerusalem, boh ku nu di darieu. Ceuk maranehna, ieu jalmi ulah dibere hirup lila-lila.
25 Ku simkuring parantos dipariksa. Nanging nya kitu, teu aya kalepatanana anu manjing hukum pati. Ku margi manehna nyuhunkeun naek banding, ku simkuring bade diiangkeun ka sang Prabu.
26 Nanging naon anu kedah disanggemkeun ka sang Prabu, margi teu aya sanggemkeuneunana. Kitu margina, nu mawi ayeuna dibantun ka payuneun sadaya, utamina nya ka pangersa raja Agripa. Nyuhunkeun dipangmarioskeun, manawi aya perkawisna anu pantes dihaturkeun ka sang Prabu.
27 Margi ku emutan simkuring mah, teu pantes ngintunkeun sakitan tanpa katerangan-katerangan perkawis dakwaanana.”