1 Ngeunaan anugrah-anugrah anu rohani, dulur-dulur, aranjeun kudu uninga kanyataanana.
2 Tangtu aranjeun aringet keneh, basa acan terang ka Allah; aranjeun teu ngarasa, yen aranjeun teh sumembah ka brahala anu ngabigeu.
3 Ku sabab eta, aranjeun ku simkuring rek diyakinkeun; ari jalma anu dituyun ku Ruh Allah mah, pamohalan nyebutkeun: ‘Al Masih jelema dila'nat.’ Sabalikna, jelema anu henteu dituyun ku Ruh Allah, pamohalan nyebut ‘Gusti Jungjunan’ ka Isa.
4 Anugrah-anugrah rohani teh rupa-rupa, tapi Ruh anu maparinkeunana mah hiji.
5 Rupa-rupa caraning ngabakti, tapi Panutan anu dibaktian mah hiji.
6 Aya rupa-rupa dadamelan nu araheng, tapi kabeh, nu kumaha bae oge, anu ngadamelna mah Allah anu tunggal.
7 Tiap jalma anu meunang anugrah rohani, kudu ngagunakeun eta anugrah keur kapentingan umat.
8 Sabab aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur wijaksana; aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur elmu.
9 Ku Ruh eta keneh, aya anu dipaparin anugrah iman; aya anu dipaparin anugrah bisa nyageurkeun;
10 aya anu dipaparin anugrah bisa nyieun hal-hal anu luar biasa; aya anu dipaparin anugrah bisa nepikeun nubuwat; aya anu dipaparin anugrah bisa ngabedakeun rupa-rupa roh; aya anu dipaparin anugrah bisa rupa-rupa basa ajaib; aya anu dipaparin anugrah bisa napsirkeun basa-basa ajaib.
11 Eta anugrah-anugrah, kabeh oge, paparin jeung padamelan Ruh eta keneh, nya eta anu maparinna ka tiap-tiap jalma masing-masing beda-beda, nurutkeun kumaha kersa-Na.
12 Sakumaha halna badan, anu diwangun ku rupa-rupa babagian sarta babagian-babagian anu sakitu lobana teh, kabeh, ngawujud hiji badan sakujur; kaayaan urang jeung Al Masih oge, kawas kitu.
13 Ku kituna, urang teh, — boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh jalma kumawula, boh jalma merdika — kabeh geus jadi sabadan. Lantaran geus dibaptis jeung diinuman ku Ruh nu hiji tea.
14 Sabab badan teh, diwangunna, lain ngan ku sahiji anggahota wungkul, tapi ku rupa-rupa anggahota.
15 Upama ceuk suku: ‘Kuring mah, lain babagian badan; da lain leungeun,’ na enya kitu, suku teu kaasup badan?
16 Atawa upama ceuk ceuli: ‘Kuring mah, lain babagian badan; da lain mata,’ na enya kitu, ceuli teu kaasup badan?
17 Cik, upama awak sakujur teh, ngan panon bae hiji; naon ari parabot ngadenge? Atawa upama nu jadi awak sakujur teh, ceuli bae hiji; na naon ari parabot ngambeu?
18 Kapan anggahota anu rupa-rupa teh, masing-masing ku Allah geus dipernahkeun dina badan, dina tempat anu samistina, sarta luyu jeung pangersa-Na.
19 Upama kabeh, ngan jadi anggahota sahiji; na mana ari awakna?
20 Memang anggahotana mah, loba; tapi badan mah, ngan hiji.
21 Ku sabab eta, panon moal bisa ngomong ka ceuli: ‘Urang mah teu butuh maneh!’ Sirah moal bisa ngomong ka suku: ‘Urang mah teu butuh maneh!’
22 Malah babagian awak, anu sigana teu sapira teh, sok leuwih-leuwih dipikabutuhna.
23 Kitu deui babagian badan anu sigana teu pati kudu dipalire, tampolana, kudu leuwih dipalire. Sarta babagian anu goreng bangunna, kudu enya-enya diriksana.
24 Ari babagian anu geus alus bangunna mah, teu mikabutuh perhatian urang. Badan urang teh, geus kitu dipidamelna ku Allah; babagian anu sigana teu penting, ku Mantenna dipaparin tugas anu penting;
25 nya supaya di jero badan ulah aing-aingan, tapi silih pentingkeun.
26 Upama anggahota anu hiji nyeri, nu sejen-sejenna oge ngarasa nyeri; upama nu hiji didama-dama, anu sejen-sejenna oge, milu kadama-dama.
27 Aranjeun teh, kabeh, Salira Al Masih; masing-masingna jadi anggahota-Na.
28 Di jero Jamaah, Allah teh netepkeun sawatara jalma: Kahiji, rasul-rasul; kadua, nabi-nabi; katilu, guru-guru. Saterusna, aya oge anu dipaparin anugrah-anugrah: aya nu bisa ngayakeun mujijat-mujijat; aya anu bisa nyageurkeun; aya anu bisa kana babantu; aya anu bisa ngatur kahirupan Jamaah; aya anu bisa basa ajaib.
29 Na kudu sarerea kitu jadi rasul, jadi nabi, atawa jadi guru? Na kudu sarerea kitu dikersakeun bisa ngayakeun mujijat?
30 Na kudu sarerea kitu dipaparin bisa nyageurkeun? Na sarerea kitu kudu bisa basa ajaib atawa bisa napsirkeun basa ajaib?
31 Anu kudu diihtiaran teh, sangkan aranjeun meunangkeun anugrah rohani anu pangutamana. Simkuring arek nuduhkeun jalanna, anu leuwih hade.