1 Pan karasa, kumaha asih-Na Anu jumeneng Rama ka urang teh, nepi ka urang diangken jadi putra-putra-Na; da memang urang teh putra-putra Allah! Hal ieu, ku dunya mah teu kahartieun; ma'lum dunya mah teu ngaku ka Allah.
2 Tapi najan geus jadi putra-putra Allah oge, acan bisa ngira-ngira kumaha engkena kaayaan urang teh. Ngan lamun Al Masih geus sumping, urang teh baris sarua jeung Anjeunna. Kaayaan Anjeunna, nu sajatina, engke tangtu ebreh ka urang.
3 Saha-saha anu ngarep-ngarep kana eta kaayaan sarta ngandel ka Al Masih, kudu ngajauhan dosa, sabab Al Masih teu kagungan dosa.
4 Anu milampah dosa, eta ngarempak hukum Allah; sabab dosa teh ngalawan kana hukum Allah.
5 Ku dulur-dulur geus kaharti, yen nu matak Al Masih mijalma teh geusan nyirnakeun dosa-dosa manusa. Geus tarerang deuih, yen Anjeunna teu kagungan dosa.
6 Anu geus jinek anut ka Anjeunna, tangtu moal milampah dosa. Sing saha anu milampah dosa keneh, hartina can awas jeung can wawuh ka Anjeunna.
7 Anaking! Kahade ulah beunang kasasabkeun ku batur. Anu lampahna adil teh, bener: Sakumaha Al Masih anu bener tea.
8 Anu tonggoy milampah dosa, eta mah anak-anak Iblis. Sabab Iblis mah ti awitna keneh oge, geus milampah dosa. Putra Allah nu matak mijalma teh nya geusan ngagagalkeun pagawean-pagawean Iblis tea.
9 Sing saha anu jadi putra Allah, moal milampah dosa. Lantaran hirupna geus kaancikan ku kakawasaan Allah; malah moal bisaeun milampah dosa teh, lantaran diyugakeun ku Allah.
10 Gampang bae ngabedakeunana, nu mana putra-putra Allah, nu mana anak-anak Iblis: Mana-mana anu goreng lampah jeung teu nyaah ka dulur-dulur, tah nu kitu, nu lain putra Allah teh.
11 Ti kawitna keneh dulur-dulur geus diwurukan, supaya silih pikanyaah jeung pada batur.
12 Ulah kawas Kain, anak Iblis, anu maehan adina tea. Ku naon Kain kitu kalakuanana? Bawaning ku jahat adatna, teu cara adina, ibadah ka Allah.
13 Ulah heran upama dulur-dulur dipikangewa ku dunya.
14 Urang terang yen geus pindah pileumpangan, tina paeh kana hirup, lantaran aya kanyaah ka dudulur. Anu teu boga kanyaahan mah, kaayaanana tetep paeh.
15 Anu mikageuleuh ka dulur, ngaranna maehan. Ari tukang maehan mah, teu kaancikan ku hirup langgeng.
16 Ti Al Masih, urang geus terang nu kumaha ari nu nyaah jeung asih teh. Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang. Urang oge wajib ngorbankeun diri keur kapentingan duduluran.
17 Jelema beunghar, tapi cadu nulung ka nu butuh; majar boga kanyaah ti Allah teh, tapi mana buktina?
18 Anaking! Ulah ngan semet biwir wungkul nyebut-nyebut nyaah teh! Buktikeun kalawan prakna jeung iklasna.
19 Engkena, tangtu karasa yen enya urang teh kaasup jelema bener; jadi, bisa teger di payuneun Allah.
20 Memang dina sagala hal hate urang sok ngadakwa. Tapi Allah mah langkung uninga, ti batan anu karasa ku urang sorangan. Mantenna uninga kana sagala rupa.
21 Upama tina budi rasa urang taya dakwaan naon-naon, rek barang suhunkeun ka Allah teh tangtu moal rumegag;
22 naon bae anu disuhunkeun ka Mantenna, tangtu dikabul; lantaran urang nurut kana timbalana-Na jeung laku lampah urang teh sapuk jeung pangersa-Na.
23 Ari timbalana-Na teh, urang kudu mantep percaya ka Isa Al Masih, Putra-Na; bari silih Pikanyaah, sakumaha anu dipiwarang ku Al Masih.
24 Anu nurut kana timbalan Allah, eta teh manunggal jeung Allah sarta Allah linggih dina hatena. Bisana ngarasa yen Allah linggih di jero hate urang teh, nya ku karana Ruh Allah anu ku Mantenna geus dikurniakeun ka urang tea.