1 Breh deui, aya hiji malaikat kaluar ti sawarga, mawa konci hiji guha anu jero kabina-bina, jeung ngajingjing rante gede.
2 Geus kitu, eta malaikat newak Naga tea, si oray kahot, — anu saenyana mah Iblis atawa tukang merdaya — terus dirante pikeun sarebu tauneun.
3 Naga digebruskeun kana jero guha sarta lawang guhana dikonci terus disegel, sangkan eta Naga teu bisa nyasabkeun ka manusa sajero jaman sarebu taun. Mun geus tutup jaman eta, Naga dikencarkeun deui sakeudeung.
4 Breh deui, simkuring ningal tahta-tahta katut anu nyaralikanana. Aranjeunna dipaparin hak ngaragragkeun hukum. Lian ti eta, simkuring ningal nyawa jelema-jelema anu diteukteuk beuheungna, dumeh tigin kana pertelaan Al Masih jeung kana amanat pangandika Allah; — arembung nyembah ka sato jeung arcana, arembung narima cap dina tarang jeung leungeunna — Maranehna harirup deui, pada jadi raja bareng jeung Al Masih dina jaman sarebu taun.
5 Salian ti maranehna mah, harudangna teh engke, nya eta sabada beak jaman anu sarebu taun tea. Ieu hudang ti nu maraot nu kahiji.
6 Nya bagja nya suci sakur anu hudang dina mangsa hudang kahiji; sabab geus pasti, moal ngarasa Paeh kadua. Kabeh baris jaradi imam-imam Allah jeung imam-imam Al Masih, tur bareng jeung Anjeunna ngarajaan dina jaman nu sarebu taun.
7 Sanggeus liwat jaman nu sarebu taun tea, Iblis baris dikencarkeun tina tempat tahanan,
8 tuluy ngagoda bangsa-bangsa sakuliah dunya anu disebut Gog jeung Magog dikeprik kana perang, lobana tanding keusik di basisir.
9 Mani nakleuk sajajagat, ningker pakemahan paraperjurit Allah, ngepung eta kota anu ku Allah didama-dama. Tapi sabot kitu, kaburu ger hujan seuneu ti langit, maranehna beak ditumpes.
10 Ari Iblis anu ngagodana digebruskeun kana lautan seuneu walirang. Di dinya geus nyampak sato tea katut nabi palsuna anu geus digebruskeun ti heula, bareng disiksa beurang peuting salalanggengna.
11 Ti dinya simkuring ningal hiji singgasana gede, warnana bodas sarta aya nu nyalikan. Bumi jeung langit ngejat kabur ti dinya, leungit musna geus sirna ti tempatna.
12 Breh deui, simkuring ningal jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, keur narangtung dipayuneun singgasana. Di dinya, loba pisan kitab meunang mukaan jeung aya deui hiji Kitab anu harita dibuka, nya eta Kitab Kahirupan. Nu geus paraeh teh, diragragan hukuman anu satimpal jeung lampahna masing-masing sakumaha anu geus dicatet dina kitab-kitab tea.
13 Nu paraeh di laut, kitu deui anu ti tempat lianna hararudang tina paehna, terus diragragan hukuman anu satimpal.
14 Geus kitu, Paeh katut karajaanana digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu ngaranna: Paeh kadua).
15 Nya kitu deui, sakur anu ngaranna henteu dicatet dina Kitab Kahirupan, kabeh digebruskeun ka eta lautan seuneu.