1 Sakali deui, Isa nembongan ka murid-murid-Na di basisir Tiberias. Kieu kajadianana teh:
2 Harita, di eta basisir teh aya Simon, Tomas anu katelah Didimus, Natanael urang Kana Galilea, anak-anak Sebedeus jeung dua urang murid sejenna.
3 Cek Simon Petrus, “Urang mah rek ngala lauk.” Ditempas ku batur-baturna, “Urang oge arek, hayu urang bareng!” Clak, sarerea, unggah kana parahu. Balangsiarna sapeuting jeput, tapi luput teu beubeunangan pisan.
4 Ari geus bray, beurang; Isa ngadeg di basisir, tapi maranehna paranglingeun; samarukna, lain Anjeunna.
5 Anjeunna ngagentraan, “Barudak, geus beubeunangan?” Dijarawab, “Nu mawi, teu acan!”
6 Anjeunna ngagentra deui, “Coba rungkupkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang.” Pruk, heurap dirungkupkeun; barang dipulut meh-meh teu kabawa, ku loba-lobana lauk nu beunang.
7 Murid anu dipikaasih ku Isa tea, ngomong ka Petrus, “Euleuh, geuning Jungjunan eta teh!” Dibejaan yen eta teh Jungjunan; rap bae, Petrus dibaju lantaran keur bubulucunan tea; geus kitu, manehna teh, brus ka cai, tuluy ngojay.
8 Nu sejenna naluturkeun dina parahu, — anu ngan kari kira-kira kurang ti saratus meter deui ti darat — bari ngagusur heurap anu pinuh ku lauk.
9 Di darat, kasampak aya pirunan ruhay keur dipake manggang lauk jeung roti.
10 Saur Isa, “Cik lauk beunang bieu teh ka dieukeun sababaraha siki mah.”
11 Heurapna terus dipulut ku Petrus, laukna diitung, aya saratus lima puluh tilu siki. Beubeunangan sakitu lobana teh, heurapna henteu nepi ka bedah.
12 Saur Isa, “Hayu urang sasarap.” Murid-murid henteu aya anu wani nyasaha ka Anjeunna, sugan nanya, “Saha tea Anjeun teh?” Ongkoh geus nyarahoeun yen Anjeunna teh Isa.
13 Isa ngarongkong nyandak roti jeung panggang lauk, tuluy disodorkeun ka murid-murid.
14 Harita teh, anu katilu kalina, Anjeunna nembongan ka murid-murid-Na sanggeus gugah tina pupus-Na.
15 Rengse salasarapan, Isa mariksa ka Simon Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” Jawab Petrus, “Sumuhun Jungjunan, Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Salira?”
16 Saur Isa, “Panguruskeun anak-anak domba Kami.” Geus kitu, kadua kalina mariksa ka Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” “Sumuhun Jungjunan,” jawab Petrus, “Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun domba-domba Kami.”
17 Katilu kalina Isa mariksa deui, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” Dipariksa nyaah henteuna nepi ka tilu kali kitu teh, Simon jadi pohara nalangsana sarta pok, ngajawab deui, “Duh Jungjunan, anu uninga kana sagala perkawis, Jungjunan anu langkung uninga kumaha kanyaah abdi ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun kabeh domba-domba Kami.
18 Cek Kami ayeuna, kieu: Maneh keur ngora mah bisa indit-inditan ka mana bae, dangdan ku sorangan. Geus kakolotnakeun mah dangdan oge ku batur, leungeun digusur ku nu sejen. Indit teu bisa sakahayang, kari kumaha cek nu mawa.”
19 Kasauran Anjeunna kitu teh, ngagambarkeun baris kumaha Petrus nekanan ajalna enggoning babakti ngamulyakeun ka Gusti Allah. Sanggeus sasauran kitu, Simon ku Anjeunna dipiwarang ngiring, saur-Na, “Hayu, tuturkeun Kami!”
20 Barang Petrus ngalieuk ka tukang, katenjo yen dituturkeun ku murid nu dipikaasih ku Isa, nya eta murid anu dina peutingan riungan tuang, diukna ngalendean ka Isa sarta naroskeun ka Anjeunna saha-sahana nu niat hianat ka Anjeunna.
21 Ku Petrus ditaroskeun ka Isa, “Jungjunan, dupi murid anu itu kumaha engkena?”
22 Waler Isa, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka Kami datang, eta lain urusan maneh. Maneh mah tuturkeun bae Kami.”
23 Geus kitu, di kalangan panganut-panganut Isa, jadi rame yen eta murid anu saurang moal maot-maot. Padahal, Isa mah henteu nyaurkeun yen manehna moal maot. Nyaurkeun soteh, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka mangsana Kami datang, eta lain urusan maneh.”
24 Nya murid eta pisan anu geus mere panyaksen sarta geus nyatetkeun sakur anu geus kajadian. Urang oge yakin, yen panyaksenna teh beunang dipercaya.
25 Loba keneh perkara-perkara sejenna anu dipidamel ku Isa teh. Upama sakabeh kajadian dicatet kalawan taliti sarta dibukukeun, kawasna mah dunya teh moal pimahieun keur nyimpenna.