1 “Kami teh tangkal anggur anu saestuna, ari Ama Kami teh anu miarana.
2 Upama aya dahanna anu teu daek buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan diurus sarta diberesihan, supaya buahna leubeut.
3 Maraneh geus dibararesihan ku pangandika-Na anu diwurukkeun ku Kami.
4 Sing tetep manunggal jeung Kami tangtu Kami tetep manunggal jeung maraneh. Sabab sakumaha dahan, mustahil buahan, lamun henteu ngahiji keneh jeung tangkalna. Maraneh oge moal beubeunangan naon-naon, lamun henteu manunggal jeung Kami.
5 Kami teh tangkal anggurna; ari maraneh, dahan-dahanna. Anu baris aya beubeunanganana teh, nya eta anu hirupna manunggal jeung Kami sarta Kami ge, manunggal jeung manehna teh.
6 Hirup pisah ti Kami lir dahan geus beunang nilas, baris garing jadi suluh keur durukeun.
7 Mun maraneh tetep rarumaket ka Kami sarta arariman kana piwuruk Kami; maraneh meunang barang penta naon bae, tanwande ditedunan.
8 Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami dimulyakeun teh; nya supaya maraneh teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi murid-murid Kami.”
9 “Kami teh nyaah ka maraneh, cara Ama nyaah ka Kami. Muga hirup maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah Kami.
10 Mun hayang dipikanyaah, sing nurut kana parentah, cara Kami diasih ku Ama lantaran ngestokeun kana timbalana-Na.
11 Disebutkeun soteh, supaya maraneh milu ngarasakeun kabagjaan Kami, malar kabagjaan maraneh cacap sampurna.
12 Parentahna mah, nya eta: Sing silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah maraneh!
13 Euweuh kanyaah anu ngungkulan kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun pati sajeroning ngabela anu jadi sobat.
14 Maraneh teh sobat Kami, asal iklas ngalakonan parentah-parentah Kami.
15 Ku Kami, maraneh moal dianggap badega; da badega mah, moal nyahoeun kana pikarepeun dunungan. Tandana dijieun sobat teh, kapan maraneh ku Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku Ama didawuhkeun ka Kami.
16 Lain maraneh anu milih Kami, tapi Kami anu geus milih maraneh. Lian ti eta, maraneh oge, — sakumaha dahan-dahan tea — ku Kami teh geus ditangtukeun kudu bral arindit, ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna teh sing datang ka awet langgeng; supaya sagala panuhun maraneh ka Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami, bisa dikabul.
17 Tah kitu pameredih Kami: Sing silih pikanyaah!”
18 “Upama maraneh dipikangewa ku dunya, sing inget: Kami mah geus dipikageuleuh ti heula.
19 Mun maraneh ti kalangan dunya keneh mah, tangtu bae ku maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku lantaran maraneh mah ku Kami geus dipilih, dicokot ti dinya, munasabah dipikageuleuh oge.
20 Sing inget kana omongan Kami anu kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan harkat dunungan. Upama Kami ku maranehna dikaniaya, maraneh oge tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami ku maranehna didarenge, omongan maraneh oge tangtu didarenge.
21 Tapi ku lantaran maraneh teh murid Kami, geus tangtu kana dikaniayana teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu ngutus Kami.
22 Lamun tea mah maranehna ku Kami teu didatangan, teu diwurukan, tangtu moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari geus kitu mah buktina, kadorakaanana hamo bisa diangles ku maranehna.
23 Jalma anu mikangewa ka Kami, eta teh mikangewa ka Rama.
24 Lamun seug Kami acan kungsi nembongkeun hal-hal anu hamo bisa dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus kitu kajadianana, narenjo pagawean-pagawean Kami teh maranehna anggur ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami.
25 Dasar kudu tinekanan ungel timbalan anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‘Tanpa sabab, maranehna geus mikageuleuh ka Kami.’
26 Tapi engke oge datang Pangaping, Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti Ama Kami jeung anu baris diutus ku Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal netelakeun saha saenya-enyana Kami teh.
27 Tapi maraneh oge kudu marere panyaksen, netelakeun nu eces saha saenyana Kami teh. Sabab maraneh, geus hirup babarengan jeung Kami ti awal mulana keneh.”