1 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Sardis. Ieu pangandika-Na anu kagungan tujuh Ruh Allah jeung tujuh bentang. Kami nyaho kaayaan maneh. Maneh kasebutna bae hirup, padahal paeh.
2 Nyaring! Omean anu bisa keneh diomean, memeh sagalana mudedes sama sakali. Sabab ku Kami kanyahoan, pagawean maneh teh dina pamendak Allah nu disembah ku Kami teu matak sugema.
3 Inget-inget deui, amanat naon anu bareto ku maneh kungsi kadenge jeung katarima. Turutkeun eta amanat sarta maneh kudu tobat. Upama maneh embung nyaring, pamohalan maneh nyaho kana pidatangeun Kami, nya eta saperti moal nyahona maneh kana pidatangeun bangsat.
4 Sukur, ti maneh anu di Sardis, aya keneh anu pamakena henteu kaceretan ku rereged. Eta layak leumpang ngarendeng jeung Kami, make papakean bodas beresih.
5 Sing saha nu unggul, baris dibere papakean anu bodasna ngeplak kitu; tur ngaranna, moal dicoret tina Kitab Kahirupan. Ngaran-ngaranna ku Kami baris diaku di payuneun Ama Kami jeung malaikat-malaikat-Na.
6 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.”
7 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Piladelpia: Ieu pangandika ti Nu suci tur sayakti, anu nyepeng sosi Daud, anu upama mukakeun hamo aya nu bisa meundeutkeun, upama meundeutkeun hamo aya anu bisa muka.
8 Kami nyaho lampah maneh. Kami nyaho tanaga maneh teu sabaraha. Kami nyaho maneh nuturkeun piwuruk Kami kalawan tigin. Maneh ku Kami geus dipangmukakeun lawang, hamo aya nu bisa meundeutkeun.
9 Dengekeun: Aya sababaraha urang jelema di maneh anu biluk ka Setan, ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Ku Kami baris diserenkeun sina sembah kuriling ka maneh, sina waleh ngaku yen maneh kanyaah Kami.
10 Maneh kuat ngalakonan parentah Kami, yen kudu tagen jeung tigin. Ku sabab eta, tangtu ku Kami diluputkeun tina kasangsaraan anu baris nyangkerem ka saalam dunya pikeun nguji sakabeh manusa.
11 Kami teh geus tereh datang. Pageuhan sing sakur anu geus kacekel. Kahade makuta maneh beunang karebut.
12 Saha anu unggul, ku Kami baris dijadikeun lir hiji tihang di karaton Allah nu disembah ku Kami tur moal incah balilahan deui ti dinya. Dirina ku Kami rek diukir ku jenengan Allah nu disembah ku Kami jeung ku ngaran kota panglinggihana-Na: Yerusalem Anyar, anu baris turun ti sawarga ti Allah nu disembah ku Kami. Kitu deui ngaran Kami anu anyar, seja diukir dina dirina.
13 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.”
14 “Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Laodikea: Ieu pangandika Sang Amin, Saksi Nu estu beunang dipercaya, cikal-Na ciciptan Allah.
15 Kami nyaho kaayaan maneh. Maneh teu panas teu tiis. Leuwih hade mun tiis atawa panas.
16 Ku sabab teu tiis teu panas tea, maneh ku Kami rek diburakeun!
17 Ceuk maneh: “Aing beunghar, mukti, euweuh kakurang!” Teu nyaho yen keur masakat, pikawatireun, nya muluntu nya lolong!
18 Nasehat Kami: Beuli emas ti Kami, emas tulen, supaya jadi beunghar. Beuli ti Kami papakean bodas ngeplak, pikeun mungkus eta awak nu bulucun matak aeb. Jeung beuli peureuh ti Kami, peureuhan eta mata malar awas.
19 Maneh ku Kami diseukseukan, diwarah, bawaning Kami nyaah. Kudu wayahna, geura tobat.
20 Ieu Kami ngetrokan. Ka anu ngadenge tur daek mukakeun panto, Kami seja asup baris dahar bareng didinya.
21 Sing saha anu unggul, baris dibawa diuk satahta jeung Kami, sakumaha Kami sanggeus unggul diuk satata satahta jeung Ama Kami.
22 Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah!”