1 Istri-istri kudu ngesto ka salaki. Malakmandar, upama nu jadi salaki henteu tigin kana dawuhan Allah, bisa eling teu karana ucap pangajak,
2 tapi lantaran kageuing ku laku lampah nu suci katut iman aranjeun ka Pangeran.
3 Perhiasan anu utama teh lain hiasan lahiriah, lain gelung anu model, lain emas anu rimbil dina awak, sarta lain pakean anu aralus.
4 Nu utama mah, kalemesan budi; eta anu jadi kageulisan ati teh, anu moal luntur ku usum moal suda ku mangsa, turta luhur pangajina dina soca Allah.
5 Istri-istri suci, baheula, oge maridangna teh nya kitu pisan, nya eta: Ngarep-ngarep ka Allah sarta ngesto ka caroge.
6 Kudu nyonto ka Sarah anu sakitu gumustina ka Ibrahim, ngabasakeunana oge dunungan ka caroge teh. Aranjeun teh ayeuna geus jadi putra-putra Sarah. Kitu soteh upama hade tata hade hate, tur henteu jejerih enggoning ngalakonan kawajiban.
7 Sabalikna, kaom lalaki ge, kudu hade ka pamajikan. Wanita teh kaom nu lemah, anu kudu diajenan, sarta dijadikeun batur hirup sauyunan ti sih kurnia hirup. Supaya du'a aranjeun teh, teu kahalangan. kana paneda.
8 Cindekna, kabeh masing sapaham, silih pikaheman, silih hadean, sarta silih eledan.
9 Anu jail ulah dibales ku jail; nu nyarekan oge, ulah dibales. Anggur doakeun sing meunang berkah. Sabab pangna aranjeun disaur ku Allah teh, nya geusan narima berkah-Na.
10 Ceuk Kitab oge: “Sing saha nu hayang senang hirupna, jeung hayang mulus jamuga, kudu ngajaga letahna, tong dipake ngucap jahat, atawa linyok jeung bohong.
11 Nu goreng singkahan, nu hade tedunan. Siar karapihan, udag karuntutan.
12 Sabab Pangeran salawasna tumeuteup ka jalma nu hade lampah, kersaeun ngadangu panyambatna. Sabalikna, ka anu goreng lampahna mah, Mantenna teu mirosea.”
13 Saha anu rek tega goreng ka aranjeun, upama aranjeun sorangan nyieun kahadean?
14 Upama kudu-kudu teuing nandangan lara pedah iman ka Pangeran, malah bagja. Teu kudu gimir ka nu dipikagimir ku maranehna jeung ulah rempan.
15 Sabalikna, kudu tetep ngagungkeun Al Masih dina jero hate maraneh; sabab Anjeunna teh, Gusti Jungjunan urang. Upama aya nu hayang meunang katerangan tina hal anu jadi pangharepan umat Gusti, salawasna kudu daek nerangkeun kalawan hade basana hade tatana,
16 dibarung ku hate anu beresih. Ku jalan kitu, anu tadi niat moyok dumeh aranjeun anut ka Al Masih teh, malik era ku omonganana sorangan.
17 Ti batan teu jamuga lantaran ku lampah goreng, mending keneh nandang lara lantaran hade lampah.
18 Kapan Al Masih oge pupus-Na teh lantaran dosa urang. Anjeunna nu tanpa dosa, pupus ku karana dosa-dosa manusa, supaya manusa bisa disanggakeun ka Allah. Al Masih teh, raga badag-Na mah beunang dipaehan, tapi mungguhing Ruh-Na mah tetep kawasa.
19 Ruh Anjeunna tetep unggul sarta dina kaunggulana-Na tea, Anjeunna mawa warta ka jiwa-jiwa anu keur dikungkung di alam kubur;
20 eta teh, jiwana jelema-jelema anu daroraka keur jaman Enoh, anu ku Allah geus sakitu lilana disabaran nalika Enoh ngadamel kapal tea. Harita ngan saeutik pisan jiwa-jiwa anu disalametkeun tina caah sadunya teh, nya eta ngan dalapan urang.
21 Eta caah, ayeuna mah dilambangkeun kana baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun jadi salamet. Eta lambang anu mangrupa banyu baptisan, lain keur meresihan kokotor awak; tapi pikeun nyuhunkeun kaweningan budi, ka kersa Pangeran ku hikmat gugah-Na Al Masih,
22 anu geus munggah ka sawarga jeung jumeneng di tengeneun Allah; paramalaikat, parakawasa, kitu deui roh-roh anu wisesa taraluk ka Anjeunna.