1 Dulur-dulur! Simkuring ka aranjeun rek ngingetan deui hal Injil, anu bareto diwawarkeun ku simkuring jeung anu ku aranjeun geus ditarima, tur anu dipercayana enya-enya.
2 Upama ku aranjeun dicekel kalawan satuhu, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring, tangtu aranjeun salamet. Kajaba ari teu palercaya mah.
3 Pohara pentingna eta anu diwawarkeun ka aranjeun teh; tur simkuring mah, geus kacida percayana teh, nya eta hal Al Masih tea: Al Masih teh geus pupus ku karana dosa urang, sakumaha ceuk ungeling Kitab Suci.
4 Anjeunna dikurebkeun sarta geus digugahkeun deui, — sanggeus tilu poe dikurebkeun tea — cocog jeung nu kaungel dina Kitab Suci.
5 Anjeunna ge geus nembongan ka Kepas sarta ka murid-murid anu dua welas urang;
6 terus sakaligus nembongan ka dulur-dulur anu lobana lima ratus urang leuwih; anu nepi ka kiwari, sawarehna mah geus maraot; tapi lolobana mah, harirup keneh.
7 Geus kitu, nembongan ka Yakobus; terus nembongan deui ka rasul-rasul anu dua welas urang tea.
8 Simkuring oge ditembongan, pangpandeurina; najan simkuring teh, jeg jelema beunang kaluron.
9 Rumasa pisan simkuring mah, jadi rasul oge panglaipna; simkuring mah, teu pantes-pantes acan jadi rasul lantaran tadina tukang nganiaya Jamaah Allah.
10 Jadi rasul soteh, ngan ku bawaning sih piwelas Allah bae. Eta sih piwelas-Na, ku simkuring henteu dilalaworakeun, nya eta ku jalan dipake digawe jeung babakti leuwih soson-soson ti batan rasul-rasul sejen. Saenyana anu soson-soson teh lain simkuringna, tapi nya sih piwelas-Na keneh bae, anu teu kendat-kendat nuyun ka simkuring.
11 Jadi, boh rasul-rasul sejen, boh simkuring: Ngawawarkeun teh hal Al Masih geus digugahkeun, anu jadi dasar kapercayaan aranjeun.
12 Tapi ku naon, sakitu geus ditetelakeun yen Al Masih teh geus digugahkeun tina pupus-Na, tapi di aranjeun, bet aya anu uar-uar magar anu maraot mah maot bae, moal dihudangkeun deui?
13 Ari anu maraot moal dihudangkeun deui mah, Al Masih oge, tangtu moal digugahkeun.
14 Upama Al Masih henteu digugahkeun deui; atuh pangwawaran rasul-rasul teh percumah, iman aranjeun oge percumah. —
15 Upama kitu, atuh pohara kaliruna rasul-rasul nerangkeunana tina hal Gusti Allah teh; ku rasul-rasul diwawarkeun yen Mantenna ngagugahkeun Al Masih, padahal henteu. — Kitu, lamun enya anu maraot moal dihudangkeun deui mah.
16 Sabab lamun anu maraot moal dihudangkeun deui, Al Masih oge tangtu moal digugahkeun.
17 Lamun Al Masih teu digugahkeun, iman kapercayaan aranjeun taya gunana sarta aranjeun ge, tetep aya dina genggeman dosa.
18 Lamun enya kitu, atuh anu aranut ka Al Masih teh, ana maraot, maraot salalanggengna.
19 Upama urang gumantung ka Al Masih, tapi ngan sawates lilana hirup urang; atuh urang teh, mahluk anu pangcilaka-cilakana.
20 Tapi saestuna, Al Masih teh geus digugahkeun! Tur nya ieu pisan anu mastikeun, yen sakabeh anu maraot teh baris dihudangkeun deui.
21 Sakumaha halna manusa anu saurang, Nabi Adam tea, geus ngalantarankeun saalam dunya kagenggem ku Pati, Manusa anu saurang deui oge, Al Masih tea, geus ngalantarankeun sakabeh anu maraot baris dihudangkeun deui.
22 Sakumaha halna kabeh manusa kudu maot ku karana Nabi Adam; sakabeh manusa oge, baris dihirupkeun deui ku karana Al Masih.
23 Tapi kudu nurutkeun giliranana: Al Masih pangheulana, nu jadi marganing lantaranana; geus kitu, giliran anu aranut ka Anjeunna; waktuna, nya eta dina wanci Anjeunna sumping deui.
24 Geus kitu, kakara datang poe panungtungan sarta Anjeunna harita baris masrahkeun Karajaan ka Allah anu jumeneng Rama. Pamasrahana-Na teh, nya eta sanggeus Anjeunna ngelehkeun sagala pamarentahan, sagala kawasa, jeung sagala kakuatan.
25 Sabab Al Masih kudu nyepeng pamarentahan, jumeneng Raja, nepi ka kabeh musuh-Na, ku Allah diteundeun di handapeun dampal sampean Al Masih.
26 Musuh panganggeusan anu baris dibinasa, nya eta Ajal Pati.
27 Sabab sakumaha ceuk Kitab Suci: ‘Saniskara ku Allah ditalukkeun kana dampal sampean Al Masih.’ Tina ieu tetela Allah mah henteu kalebet kana ‘saniskara’ tea; da malah Mantenna anu nalukkeun saniskara teh, nya eta sina taraluk ka Putra-Na.
28 Malah sanggeus nampi saniskara nu taraluk, Putra-Na oge nalukkeun anjeun ka Allah, anu nalukkeun saniskara ka Anjeunna. Ku kituna, ngan Allah nyalira anu murba wisesa.
29 Lamun anu maraot moal diharudangkeun deui, naon untungna keur jelema-jelema anu dibaraptis pikeun anu geus maraot teh? Keur naon dibaraptis, ari enya mah anu maraot moal diharudangkeun deui?
30 Kitu deui simkuring rasul-rasul, pikeun naon unggal waktu nyanghareupan bahaya?
31 Mangkaning simkuring mah, dulur-dulur, sasat paeh bae unggal-unggal poe oge. Nyarita kieu soteh, dumeh ka aranjeun mah geus teu asa jeung jiga, jeung papada saiman.
32 Ari kudu paeh salalanggengna mah, naon untungna. Simkuring di Epesus, cek cohagna, nepi ka tarung jeung sato-sato galak? Mun enya anu maraot moal dihudangkeun deui, atuh mending oge ‘Hayu urang curak-curak balakecrakan; da biheung teuing, isukan ge urang paraeh,’ sakumaha ceuk ayat Kitab.
33 Kahade dulur-dulur! Pergaulan anu goreng matak ngaruksak nu hade.
34 Gunakeun akal sehat, jeung enggeus ulah daroraka bae. Da enya, di aranjeun teh, aya anu teu nyaho ka Allah. Cik sing arera atuh!
35 Meureun aya nu hayang nanyakeun: ‘Kumaha petana dihirupkeun deui teh? Engkena rek make badan anu kumaha?’
36 Bodo eta pertanyaan teh! Binih ge, dipelak teh paeh heula, supaya hirup deui.
37 Aranjeun ari pepelakan teh, lain melak nu geus jadi tangkal; nu dipelak teh, siki tanpa cangkang, boh gandum atawa naon bae.
38 Eta siki, pitangkaleun, ku Allah disina jadi hiji tangkal anu nurutkeun sipatna.
39 Anu tina sipat daging oge, boga sipat masing-masing: Manusa beda deui, sato beda deui, manuk beda deui, lauk beda deui.
40 Aya wujud-wujud di langit, aya wujud-wujud di bumi. Wujud-wujud di langit, kaendahanana, beda jeung wujud-wujud nu di bumi.
41 Kaalusan panonpoe, beda ti bulan; kaalusan bentang-bentang beda deui; kaalusan cahayana ge, masing-masing bentang teh, beda-beda.
42 Hudangna anu maraot oge, kitu pijadieunana, nya eta lir binih: Dikubur di jero taneuh dina kaayaan paeh; dihudangkeun deui dina kaayaan hirup langgeng;
43 keur dikubur, laip taya pangajina; ana dihudangkeun, jadi mulya jeung kawasa;
44 keur dikubur, jasad jasmani; ana geus dihudangkeun, ngajadi mahluk roh. Mun anu jasmani, aya jasadna; anu rohani oge, aya jasadna.
45 Eta sababna, ceuk Kitab Suci: ‘Manusa kahiji, nya eta Adam, ngajadi mahluk anu hirup;’ sabalikna, Adam wekasan mah, Ruh anu ngahirupkeun.
46 Tengetkeun: Tetela anu gumelar ti heula teh, lain anu sipat rohani, tapi anu sipat jasmani. Sabab anu sipat rohani mah, datangna pandeuri.
47 Manusa kahiji asal tina taneuh, dijieun tina lebu. Ari Manusa kadua mah, terah ti sawarga.
48 Kabeh manusa anu jasmani, sarua sipatna jeung manusa anu asal tina lebu taneuh. Ari manusa-manusa sipat sawarga, sarua jeung sipat Anjeunna anu ti sawarga.
49 Urang dijurukeun teh sakumaha mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari engke mah, urang teh baris sakumaha anu asal ti sawarga.
50 Dulur-dulur! Anu dimaksud ku simkuring teh, nya eta: Sipat daging jeung getih mah moal kabawa ka jero Karajaan Allah. Anu teu langgeng mah, moal kabawa ka alam nu langgeng.
51 Simkuring rek muka rasiah: Urang teh, moal kabeh maot. Dina wanci sangkakala ditiup panganggeusan,
52 di jero sakedet netra, — eta sangkakala teh, memang bakal ditiup sarta harita keneh, nu paraeh bakal dihirupkeun deui pikeun dibebaskeun salalanggengna tina Ajal Pati — urang baris dirobah.
53 Anu tadina kagenggem ku Ajal Pati, diuculkeun tina Ajal Pati; anu tadina keuna ku paeh, dirobah jadi teu keuna ku paeh.
54 Di mana anu kagenggem ku Ajal Pati geus ucul ti Ajal Pati, di mana anu keuna ku paeh geus teu keuna ku paeh, harita laksana ungeling Kitab Suci anu kieu: ‘Ajal Pati geus dilegleg ku kaunggulan.
55 He Ajal Pati, mana kakawasaan maneh? Mana panyeureud maneh?’
56 Panyeureud Ajal Pati teh, nya eta dosa; dosa tambah kuat ku ayana hukum Toret.
57 Tapi hatur sembah nuhun ka Gusti Allah, — ku jalan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — Mantenna geus maparin kaunggulan ka urang.
58 Ku sabab eta, sing pengkuh, ulah galideur. Sing temen-tinemenan ngalampahkeun tugas ti Gusti teh. Sing yakin, kalayan panangtayungan Anjeunna sagala pagawean aranjeun moal mubadir.