1 Ti simkuring, Paulus, anu jadi rasul Isa Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Sostenes dulur urang.
2 Kahatur jamaah Allah di Korinta, — nu kapilih jadi umat percaya, disucikeun ku karana Isa Al Masih — katut sakabeh umat di mana-mana anu sami muntang ka jenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang; nya Gusti Jungjunan maranehna ongkoh.
3 Mugi-mugi aranjeun dipaparin rahmat jeung katengtreman ti Allah, Rama urang, jeung ti Isa, Gusti Jungjunan urang tea.
4 Simkuring teu kendat muji sukur ka Allah, dumeh dina kamanunggalan jeung Isa Al Masih teh, aranjeun geus nampa sih kurnia-Na.
5 Nya ku lantaran ngesto ka Mantenna, aranjeun dikersakeun sakitu jembarna: Perceka ucap jeung rebo ku kanyaho
6 anu luyu jeung kanyataan piwuruk Al Masih anu geus diyakinkeun ka aranjeun,
7 nepi ka aranjeun pinuh ku sih kurnia sajeroning nunggu-nunggu sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.
8 Iman aranjeun dipengkuhkeun, supaya engke ana Gusti Jungjunan urang sumping, dulur-dulur teu aya cawadeunana.
9 Eta teh nandakeun, yen Allah, — anu geus ngersakeun aranjeun satunggal jeung Putra-Na, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang — maha satia.
10 Saterusna, dulur-dulur, simkuring aya pamenta! Demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, muga aranjeun tetep sauyunan, ulah pakia-kia. Sing tetep satunggal dina pikir jeung pangrasa.
11 Ieu pamenta lantaran simkuring meunang beja ti kulawarga Kloe, magar aranjeun keur pagetreng.
12 Ceuk nu saurang, kuring mah golongan Paulus. Ceuk saurang deui, kuring mah golongan Apolos; kuring mah golongan Kepas; kuring mah golongan Al Masih.
13 Na Al Masih teh bisa dibagi-bagi? Na Paulus kitu anu nalangan aranjeun nepi ka digantung teh? Na demi ngaran Paulus kitu aranjeun dibaptis teh?
14 Nganuhunkeun ka Pangeran, simkuring teu kungsi ngabaptis aranjeun, iwal ti Krispus jeung Gayus.
15 Asa pimanaeun aya nu rek ngaku-ngaku dibaptis demi ngaran simkuring!
16 Aya deui anu dibaptis ku simkuring teh, nya eta Stepanus sakulawarga. Salian ti eta mah, sainget simkuring, teu aya deui.
17 Simkuring diutus ku Al Masih teh, lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun ngawawarkeun Injil. Sanajan kitu, lain ku pipinteranan sorangan ngarang carita, bisi matak cambal kana kakawasaan Salib Al Masih.
18 Sabab piwuruk hal Salib teh, ari pikeun jelema-jelema anu losna kana picilakaeun mah, siga mahiwal. Sabalikna, pikeun urang mah, — anu geus disalametkeun — eta teh taya lian ti kakawasaan Allah.
19 Sabab ceuk Kitab: ‘Anu luhung, pangartina ku Kami baris dimusnakeun, anu pinter, kapinteranana baris dileungitkeun.’
20 Cik mana ahli pikirna, ahli Kitabna, jeung ahli sawalana ieu dunya teh? Lain geus dinyatakeun ku Allah, yen elmu kapinteran ieu dunya teh bodo?
21 Ku sabab dunya, katut elmu kapinteranana, tetep teu bisa nyaho ka Allah Nu maha Luhung; lajeng Allah ku manten ngersakeun maparin kasalametan ka umat-Na anu percaya, ku jalan pangwawaran Injil anu dianggap mahiwal tea.
22 Urang Yahudi marenta tanda; urang Yunani nyalukcruk elmu;
23 ari ku simkuring disodoran wawaran hal Al Masih disalib. Tangtu pikeun urang Yahudi mah, eta teh jadi bahan tatajongan; ari pikeun urang Yunani, eta teh kabodoan.
24 Tapi pikeun anu geus percaya mah, — boh urang Yahudi boh urang Yunani — Al Masih teh, tegesing kakawasaan Allah jeung kaluhungan Allah.
25 Sabodo-bodoning Pangeran, leuwih luhung batan manusa; sahengker-hengkerna Pangeran, leuwih bedas batan manusa.
26 Inget dulur-dulur! Kumaha kaayaan aranjeun waktu mimiti disaur. Geuning nu meunang panyaur teh, lain anu pinter ceuk jelema, lain anu gede pangaruhna, jeung lain menakna.
27 Sabalikna, anu ceuk dunya bodo, ku Allah dianggo ngera-ngera nu palinter; anu hengker dianggo ngera-ngera anu baredas.
28 Anu ceuk dunya hina jeung laip, eta anu ku Allah dipilih teh. Malah anu sama sakali teu aya pangajina oge, ku Allah mah dipilih pikeun ngalindih anu luhur harkat.
29 Eta maksudna, sangkan ulah aya anu adigung dipayuneun Allah.
30 Dulur-dulur oge, bisana manunggal jeung Al Masih teh, lantaran kurnia Mantenna. Al Masih, ku Allah didamel hikmah pikeun urang. Nya ku Anjeunna, urang diangken bener, disucikeun, sarta ditebus.
31 Ieu sapagodos jeung nu diserat dina Kitab: ‘Upama rek agul, kudu agul dina kamanunggalan jeung Gusti.’