1 Di Betania aya nu gering payah ngaranna Lasarus, dulurna Maryam jeung Marta.
2 Maryam teh, nya eta anu bareto ngaminyakan Isa ku minyak seungit jeung nyusutan sampeana-Na ku buukna tea.
3 Maryam jeung Marta ngirim kabar ka Isa kieu, “Jungjunan, pun dulur anu ku Jungjunan dipikanyaah ayeuna nuju udur.”
4 Saur Isa, sanggeus kenging wartos, “Panyakitna moal nepi ka matak ajal, malah bakal jadi lantaran tembongna kakawasaan Allah sarta dimulyakeunana Putra Allah.”
5 Anjeunna memang nyaah pisan ka Marta, Maryam, jeung Lasarus teh.
6 Tapi diwartosan Lasarus gering teh, Anjeunna mah calik-calik bae di dinya.
7 Heuleut dua poe ti harita, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Ayeuna urang ka Yudea deui.”
8 Cek murid-murid, “Rabi (Guru), teu acan lami Rabi teh bade dibaledogan ku urang Yahudi di ditu, dupi ayeuna bade ka ditu deui!”
9 Waler Isa, “Sapoe teh, lain aya dua welas jam? Lamun indit beurang-beurang piraku suku titajong, kapan ti beurang mah caang.
10 Titatarajong soteh, lamun leumpang peuting sabab teu tembong tincakeun.”
11 Saur-Na, “Lasarus, dulur urang teh keur sare, ayeuna urang teang, ku Kami rek dihudangkeun.”
12 Cek murid-murid, “Parantos tiasa mondok mah atuh majeng kana sae, Jungjunan!”
13 Maksud Isa mah, “keur sare” teh geus maot; ari ku murid-murid dihartikeunana sare biasa bae.
14 Ku Isa diterangkeun sageblasna, saur-Na, “Geus maot Lasarus teh.
15 Maotna keur Kami euweuh di ditu. Tapi pikeun maraneh aya alusna, baris mawa maraneh kana percaya. Ayeuna mah, hayu urang ka ditu!”
16 Cek Tomas — anu katelah Didimus — ka batur-baturna, “Hayu urang arindit, urang ngadon paeh babarengan jeung Anjeunna.”
17 Opat poe sanggesna Lasarus dimakamkeun, jol, Isa sumping.
18 Betania teh deukeut ka Yerusalem, ngan kurang leuwih dua pal jauhna.
19 Loba urang Yahudi anu ngaralayad nembongkeun katresnan ka Marta jeung Maryam anu keur kapapatenan.
20 Barang ngadenge beja yen Isa sumping, Marta ka luar mapagkeun, ari Maryam mah cicing bae di imah.
21 “Jungjunan,” cek Marta sanggeus amprok, “upami Jungjunan aya mah harita, pun dulur teh moal dugi ka maot;
22 sanaos kitu, ayeuna oge abdi yakin yen mundut naon bae oge Jungjunan mah ku Allah tangtos dikabul.”
23 Waler Isa, “Dulur nyai teh tangtu hirup deui.”
24 Cek Marta, “Leres, bakal hirup deui, engke dina poe kiamat.”
25 Waler Isa, “Kapan Kami nu jadi sumbering hirup sarta anu baris ngahudangkeun jelema-jelema dina poe kiamat teh. Anu percaya ka Kami bakal tetep hirup, sanajan geus paeh oge.
26 Sing saha anu keurna hirup percaya ka Kami, salalawasna oge moal keuna ku paeh. Percaya atawa henteu?”
27 Tembal Marta, “Jungjunan, abdi percanten. Jungjunan teh Al Masih, Putra Allah, anu parantos lumungsur ka dunya.”
28 Ti dinya Marta balik deui ka imah terus ngaharewos ka Maryam, “Guru urang ngantos di jalan, mariksakeun maneh.”
29 Maryam cengkat, terus ka luar rek mapagkeun Isa,
30 anu keur di jalan keneh di palebah urut amprokna tadi jeung Marta.
31 Ku nu ngaralayad ditaluturkeun, samarukna Maryam rek ka makam ngadon ceurik.
32 Maryam ngarangkul kana sampean Isa bari unjukan, “Duh Jungjunan, upami Jungjunan aya mah, harita, pun dulur teh tangtos moal dugi ka maot.”
33 Ningali Maryam ceurik, kitu deui ningali anu ngaralayad, Isa jadi nalangsa, tuluy mariksa bari dumareuda, saur-Na,
34 “Di mana makamna?” Dijarawab, “Di ditu, mangga tingalian.”
35 Isa nangis kagagas.
36 Cek urang Yahudi anu ngaralayad, “Tetela nyaaheunana ka nu geus ninggalkeun teh.”
37 Aya oge anu ngaromong kieu, “Na teu bisaeun kitu nyegah almarhum maot; da bisaeun ari ngabeuntakeun anu lolong mah?”
38 Ngadangu nu ngaromong kitu, Isa tambah nalangsa, terus muru ka makam. Makamna teh mangrupa guha, lawangna ditutup ku batu gede.
39 “Singkirkeun batuna!” Saur-Na. “Jungjunan,” cek Marta, “parantos bau, margi parantos opat dinten.”
40 Saur Isa, “Cek Kami oge, lamun nyai percaya tangtu bakal nenjo kakawasaan Pangeran!”
41 Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa tanggah terus sasauran, “Nun Ama, pinten-pinten nuhunna wireh Ama kersa ngadangu kana panuhun.
42 Abdi terang, panuhun Abdi salamina ku Ama di makbul. Dikedalkeun soteh, supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen Abdi teh utusan Ama.”
43 Geus kitu Anjeunna nyoara tarik pisan, “Lasarus, geura bijil!”
44 Kurunyung nu maot teh ka luar, suku jeung leungeunna dibeungkeut keneh ku boeh, beungeutna katutupan kapas. Saur Isa, “Buka boehna, supaya laluasa!”
45 Ti antara urang Yahudi anu daratang ka Maryam, sanggeus narenjo eta mujijat loba anu tuluy percaya ka Isa.
46 Tapi eta padamelan Anjeunna teh, aya anu ngalaporkeun ka urang Parisi.
47 Geus kitu, imam-imam kapala jeung urang Parisi ngumpulkeun anggota-anggota Mahkamah Agama. Aromongna, “Kumaha sikep urang ka eta Jelema! Geus loba nyieunna mujijat.
48 Upama terus diantep, rayat kabeh tangtu palercaya ka Manehna. Ahirna, ieu tanah Suci direbut ku urang Rum sarta bangsa urang teh tangtu tamat riwayatna.”
49 Pok, Kayapas, — Panghulu Agung dina taun eta — sasauran, “Aranjeun tangtu acan tarerang
50 sarta acan sadar yen pikeun aranjeun leuwih hade jelema ieu anu hiji paeh gaganti bangsa ti batan bangsa urang tumpur pisan.”
51 Ieu ucapanana, saenyana, lain buah pikiranana ku anjeun. Tapi anjeunna anu jeneng Panghulu Agung taun eta, ucapanna nya geus ngajadi hiji nubuwatan pikeun ngagambarkeun yen Isa kudu dipaehan gaganti bangsa;
52 malah lain guna eta bangsa wungkul, tapi oge baris ngumpulkeun sarta ngahijikeun deui sakumna putra-putra Allah anu geus pabalencar.
53 Ti semet poe eta aranjeunna samupakat baris maehan Isa.
54 Ku sabab eta, Isa tara nembongan deui di hareupeun umum bangsa Yahudi. Anjeunna angkat ti dinya ka Epraim, hiji kota anu pernahna deukeut sagara kikisik sarta teras nganjrek heula di dinya sareng murid-murid-Na.
55 Harita teh, geus tereh ka hari raya Paska; jelema-jelema loba anu dararatang ka Yerusalem, rek beberesih diri samemeh Paska.
56 Di jero Bait Allah, maranehna nareangan Isa bari silih tanya, “Kumaha kira-kirana Manehna bakal datang kana pesta?”
57 Sajeroning kitu imam-imam kapala jeung urang Parisi geus ngaluarkeun parentah, sing saha anu nyaho Isa aya di mana kudu buru-buru lapor, supaya Anjeunna buru-buru ditangkep.