1 Panghulu Agung mariksa, “Enya kitu, eta dakwaan teh?”
2 Stepanus ngawalon, “Saderek-saderek sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun. Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun salira ka Ibrahim, rama karuhun urang, di Mesopotami; samemeh anjeunna ngalih ka tanah Haran.
3 Kieu timbalana-Na: “Geura incah ti lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris dituduhkeun ku Kami.”
4 Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah urang Kasdim, teras mukim di tanah Haran. Saparantos ramana pupus, ku Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat pamatuhan aranjeun ayeuna.
5 Nanging anjeunna henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah tanwande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Padahal harita anjeunna teu acan kagungan putra.
6 Kieu dawuhan Allah teh, nya eta: Turunan anjeunna baris nyiruruk di tanah deungeun, dibudakkeun, sareng dikakaya ku eta bangsa salami opat ratus taun.
7 Tapi bangsa anu nganiayana, moal henteu dihukum ku Kami; saterusna, maranehna bakal budal ti pangumbaraan baris babakti ka Kami di ieu tempat.
8 Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna puputra Isak, putrana oge dina yuswa dalapan dinten disepitan. Isak puputra Yakub, Yakub puputra dua belas urang, anu jadi luluhur urang sadaya.
9 Luluhur-luluhur urang sirik dengki ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir, nanging Yusup diaping ku Allah.
10 Ahirna, Yusup dikersakeun leupas tina kabalangsakan tur mendak kurnia sareng dikersakeun pinter wijaksana di payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon dijenengkeun raja anom, ngurus nagri Mesir sareng saeusi karaton.
11 Salajengna, timbul bahla kalaparan di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan, anu tigeratna, nepi luluhur karuhun urang teu mendak pisan bahan tedaeun.
12 Aya wartos ka Yakub yen di Mesir aya gandum; lajeng Yakub ngajurung karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan anu ngawitan.
13 Dina iangan kadua kalina, aranjeunna ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana asal-usul Yusup.
14 Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka Mesir katut wargi-wargina; sadayana aya tujuh puluh lima jalmi.
15 Yakub jengkar sareng matuh di Mesir. Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun urang, parupusna di Mesir.
16 Nanging dikurebkeunana mah di tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor urang Sekem.
17 Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesirna wuwuh jembar;
18 tug, dugi ka jumenengna raja Mesir anu anyar, anu sama sakali henteu uningaeun ka Yusup.
19 Eta raja, ngatur tipu daya pikeun ngagencet bangsa urang. Karuhun urang diteungteuinganan, orok-orok bangsa urang diparentah kedah dipiceun, supados bangsa urang ulah ngarekahan.
20 Nya dina jaman eta, Musa dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina. Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung kenging tilu sasih, teras bae dipiceun.
21 Saparantos dipiceun, Musa, dipulung ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng diasih lir ka putra ku anjeun.
22 Ku putri, Musa, dipiwarang dididik sareng diwulang elmu panemu urang Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita, sarta ageung pangaruhna.
23 Musa, dina yuswa opat puluh taun, jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil.
24 Hiji waktos, anjeunna ningali urang Israil anu dipahala ku urang Mesir, enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna dipaehan.
25 Dina panggalihna, tangtos dulur-dulur sabangsa teh baris ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun nyalametkeun bangsana; nanging panggalihna mencog.
26 Enjingna deui, anjeunna ningali urang Israil duaan garelut, enggal disapih saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon garelut silih pahala pada bangsa?’
27 Nanging ku anu saurang, nya eta anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari sanggemna:
28 ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi kapala jeung hakim urang! Rek maehan deuih, ka kuring, cara kamari maehan urang Mesir?’
29 Kenging walonan kitu Musa enggal kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di dinyana puputra dua, lalaki sadayana.
30 Heuleut opat puluh taun, anjeunna ningali malaikat nembongan di Gunung Sinai, di tegal keusik, dina seuneu hurung anu ngagedur dina rungkun cucuk.
31 Atuh kalintang heraneunana. Lajeng nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging aya gentra Pangeran, dawuhana-Na:
32 ‘Kami teh Allah nu disembah ku karuhun maneh, nya eta Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali.
33 Allah nimbalan deui, ‘Laan tarumpah maneh sabab tempat anu ditincak ku maneh teh, suci.
34 Kami nyaho pisan yen kaayaan umat Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge, geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.’
35 Musa, anu ku jelema kantos ditolak ku omongan, ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?’ Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun bani Israil; kalayan pitulung malaikat anu tembong tina rungkun cucuk tea.
36 Nya anjeunna anu mingpin budalna urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-tanda sareng kaahengan-kaahengan di Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal keusik salami opat puluh taun.
37 Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen, ‘Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi anu saperti kami, asal ti maraneh keneh.’
38 Nya anjeunna keneh, anu sasauran dina pajemuhan di tegal keusik, jadi perantara antawis karuhun urang sareng malaikat anu ngalahir di Gunung Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban dawuhan-dawuhan, pangandika anu hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun.
39 Nanging ku karuhun urang henteu diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang anggur malik tibelat ka Mesir.
40 Salajengna, maranehna meredih ka Harun, ‘Cik pangdamelkeun arca-arca aallahan pikeun lulugu urang; margi Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir teu sumping-sumping, duka katarajang naon.’
41 Nya lajeng maranehna ngadamel hiji arca anak sapi tea; teras si berhala bubuatanana sorangan teh, disasajenan sareng dipuja-puja.
42 Kitu nu mawi, lajeng ku Allah ditilar, diantep sina nyarembah ka dangiang-dangiang, cocog sareng anu kaserat dina kitab nabi-nabi: ‘Na osok maraneh, sajero opat puluh taun di gurun alas mere pangbakti atawa kurban peuncitan ka Kami, eh, bani Israil?
43 Tara! Maraneh anggur mamawa tempat si Molok jeung bebentangan dewa Repan! Sesembahan maraneh arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami baris dibuang ka beh ditueun tanah Babul.’
44 Di karuhun urang, di gurun alas, aya Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun pituduh Allah ka Musa.
45 Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa lian anu diusir ku Allah ti hareupeun karuhun, dina pingpinan Yosua; eta Kemah teh ngiring dibantun ka ieu tanah, tug dumugi ka jaman Daud.
46 Daud, anu ginuluran rahmat kurnia Allah, mundut diwidian ngadegkeun wangunan kanggo panglinggihan Allah nu disembah ku Yakub.
47 Nanging Sulaeman, anu kalaksanakeun ngadegkeunana mah.
48 Nanging Anu Maha Agung mah tangtos moal linggih di tempat kenging nyieun jalmi, sakumaha saur nabi:
49 ‘Singgasana Kami teh, langit; sedengkeun tatapakan suku Kami, nya eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku maneh rek dijieun pikeun Kami?’ — timbalan Pangeran — ‘atawa tempat nu kumaha pikeun Kami reureuh teh?
50 Eta sakabeh, naha lain beunang leungeun Kami?’”
51 “Aranjeun teh bangsa bedegong, hate jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan. Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah, saruana jeung nu jadi karuhun.
52 Nabi mana anu henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Sadayana dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan pisumpingeunana Sampurnaning Manusa teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka dipaehan pisan.
53 Kalayan jalan anu aheng aranjeun dipaparin kitab Toret, katampina ti panangan para malaikat, nanging ku aranjeun teu dipake!”
54 Barang anggota-anggota Mahkamah Agama ngadarenge omongan sarupa kitu, mani ngagalidir awakna bari tikekereket.
55 Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh Allah, tanggah ka langit; breh ningal kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di tengeneun Allah.
56 Pok sasauran, “Tuh, simkuring ningal langit muka. Putra Manusa katingal nuju ngadeg di tengeneun Allah!”
57 Dijawab ku nu tingsaroak bari nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna diambreg;
58 tuluy anjeunna disered ka luareun kuta; geus kitu, maranehna pada maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu keur narapsu teh, maruka jubahna; suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus.
59 Stepanus sasambat, “Nun Isa, Gusti Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa abdi.”
60 Bari sideku anjeunna ngagero, “Nun Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi dihampura!” Geus kitu les bae lastari.

Studi Alkitab lengkap, silahkan lihat Alkitab SABDA :: Kisah Para Rasul 7
Studi Alkitab mobile, silahkan lihat Alkitab Mobi :: Kisah Para Rasul 7

Download Aplikasi Alkitab Karaoke (BETA) Android:
https://play.google.com/store/apps/details?id=org.sabda.alkitabkaraoke
Kunjungi Alkitab Audio Diglot:
AYT - KJV