1 Tiap imam agung, dipilihna teh, pikeun ngawakilan bangsana ngajalankeun ibadahna ka Allah; nya pikeun nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung kurban panebus dosa tea.
2 Anjeunna kudu tahan jeung sabar mayunan rayat anu kurang pangarti tur sok sarasab.
3 Ku sabab papada lemahna, pangbakti-pangbakti jeung kurban teh, lain keur nebus dosa bangsana wungkul, tapi oge keur nebus dosana ku anjeun.
4 Pikeun nyangking pangkat anu sakitu agungna teh, henteu bisa ku ngajenengkeun anjeun, tapi kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Imam Harun.
5 Al Masih oge, kenging-Na kahormatan jadi Imam Agung teh lain ngajenengkeun anjeun, estu ku timbalan Allah anu kieu: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami poe ieu.”
6 Sakumaha dawuhana-Na dina salah sahiji enas lianna: “Hidep teh Imam langgeng, numutkeun papagon Melkisidik.”
7 Sapanjang jumeneng di dunya, Anjeunna teu lesot-lesot tina neneda ka Allah, anu sanggup nyalametkeun Anjeunna ti alam kubur. Neneda-Na teh sok nepi ka lumengis sarta ku lantaran kasalehan-Na, matak paneda-Na ku Allah dikabul bae.
8 Najan jadi Putra Allah, Anjeunna suka lilah diajar sadrah nandangan sangsara,
9 nepi ka ngahontal kasampurnaan jeung jadi marganing kasalametan langgeng keur anu palercaya ka Anjeunna.
10 Lajeng ku Allah dijenengkeun Imam Agung, saperti Melkisidik.
11 Tina sual Isa jadi Imam Agung teh, saenyana mah, loba pisan anu kudu diterangkeun teh. Tapi rek nerangkeun nepi ka eces mah, hese; da aranjeun mah kana ngarti teh laliat pisan.
12 Pantesna mah, aranjeun teh geus bisa; malah kuduna mah, geus ngajarkeunana; lantaran nya geus sakitu lilana, dialajar nyaho kana eta pernyataan Allah teh. Ari heug, aranjeun masih keneh bae nguyek dina alip-alipanana. Hayoh bae masih nyarusu, acan kuat kana sangu!
13 Orok tea atuh ngaranna, ari nyusu keneh bae mah; da masih keneh bae balata-boloto, teu nyaho di anu bener.
14 Sabab ari geus sawawa mah, tangtu sangu anu didahar teh sarta kudu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng kalawan ngagunakeun budi akalna.

Studi Alkitab lengkap, silahkan lihat Alkitab SABDA :: Ibrani 5
Studi Alkitab mobile, silahkan lihat Alkitab Mobi :: Ibrani 5

Download Aplikasi Alkitab Karaoke (BETA) Android:
https://play.google.com/store/apps/details?id=org.sabda.alkitabkaraoke
Kunjungi Alkitab Audio Diglot:
AYT - KJV